Kang sahman,
Aiih,..jadi waraaas eta geuning kang sahaman terangan euy..muhun da di sateuacan lemah putih teh, aya taman sareng dinosaurusna sareng villa sae pisan, malah aya kolam renangna pami teu lepat mah ( kabayang wee beranang di dinya, murungkut meureun da tiisss pisan )....abdi oge unggal uih ka bantarujeg sok ngahajakeun amengan ka lemah putih kana motor, teu ari ka taman dino na mah, mung ngalangkung wae..da liren2 teh ke di atas gunung anu aya tangkal rangru saageung alaihim..cenah duka alaihim teh nukumaha....
Pami usum sayuran, Sakantenan meser sayur2an, metik nyalira di kebon sayur sisi gunung marirah pisan, plung plong kaditu kadieu teh...gunung dan perbukitan, oge lembur2 batur,....sepi langki aya kendaraan, tapi sae jalana mah...uih2 teh muter ka cipasung, horendeng....anu hawana tiiisss... matak ngahod2..
 
kantos kapungkur amengan sareng rai2 abdi, kaleresan aruih sadaya karempel di lembur...amengan ka lemahputih, eta kabita ku tangkal camara di sisi jalan sisi leuweung,...saageung tangkal sampeu, di cabut ku opatan di garugunyeng bade di pelak di payunen bumi ...beunang tangkal camarateh, ......jadi teu eta tangkal teh, tangan barared iya. Ceuk rai abdi mah potong akarna, cenah da ieu mah akar tunggal kitu?....
 
Bantarujeg - Talaga teh caket sakali naik angkot, paling 30 menit. tapi jalanna awon :D....
 
Nia
-----Original Message-----
From: Jalak Harupat [mailto:[EMAIL PROTECTED]
Sent: October 12, 2004 12:44 PM
To: [EMAIL PROTECTED]
Subject: [Urang Sunda] Taman Dino-Lemahputih-> Teh Nia

Teh Nia,
Ti Bantarujeg ka Talaga caket teu?
Abdi mah ke Lemah Putih mah pernah sakali mung jalanna anu bade ka Malangbong teras belok ti Wado Girang teh ka kenca nuju Sukanyiru.
Endah pisan nya di Lemah Putih teh.....aya Villa di sisi gunung Cakrabuana. Didinya teh seueur pisan kebon sabangsaning kebon sayur kentang jrr. Jalanna nanjak sisi gawir lalungkawing palebah Sukanyiru, aya tangkal cemara ting jalegir meni laluhur pisan. Jalmi-jalmi kukulamprengan tas ti leuweung bari semu diharudum sarung. Asa jiga di Tibet anu tiris euy...... Leuh waas....kacida.
Teras ngobrol sareng tukang kebon sayur anu pek teh ti Lembang Bandung, tah abdi mah sok resep ngobrol sareng tukang sayuran teh da resep kanu rumbah. Sugan we dibere rumbah keur dituang di bumi he...he..
Ah dimana-mana ge urang gunung mah pasti sakaturunan, abdi ka Cisoka, gunung Kerenceng di SUmedang anu ngolah enteh teh urang Bandung deui atawa Garut. Sok geura...
Balik deui ka Sisi Gunung Cakrabuana, waktos ngobrol teh sareng si Bapa anu bumina tina kai kabeh (jiga imah Country di Amerika). titingalian Plung Plong kaditu kadieu...kaciri Darmaraja, Cibugel satungtung deuleu....keboneun tingrunggunuk melak jahe, sayur jrr.
Malah aya 15 hektar mah cenah gaduh Pak haji....aya Villa ditengahna...(ceuk pikir mun milik abdi...raos, rek nyingkurkrun diri we rek neangan inspirasi).
Tah didinya teh, sisi leuweung, cenah ceuk si Bapa teh upami wengi ti Tabuh 2 dugi ka subuh rame sasatoan sabangsaning monyet, manuk, macan, babi jrr tingsalegor....Ah kabayang endahna, hayang meuting didinya ngadengekeun sora sasatoan.

Teh Nia, teras abdi teh ka Taman Dinosaurus, teh Nia tos kungsi kadinya? Lumayan di lembur mah, malah sanes lumayan deui. Seueur duitna na nya anu ngabangun eta Taman. Di lembur singkur miceun duit kanggo nyieun taman Dino, leuh sabarah ratus juta. Ieu ge tempatna di luhur gunung deui....malah cenah anu gaduhna teh anu gaduh Villa palih dinya, duka tah da meni lega pakaranganna ge teu kaciri villana dimana.
Sakitu pangalaman abdi mah di Talaga-Lemahputih-kaliwatab Bantarujeg panginten nya?
 
Jalak
 
 

Nia Sri Winiarsih <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Kang Shaman,
Punten nembe di waler, kamari tabuh tilu dugi ka sonten aya peryogi.
 
Muhun panginten, di majalengka kirang lengkap peralatanana.tapi upami masalah tebihna mah..duka sapertos na mah sami wae..
Muhun atuh sing lungsur langsar , wilujeng gaduh alo...mugia ieu tiasa ngabeberag manah, kanu nuju berduka , gentosna bapak panginten kang....
 
Pami bade amengan mah ka talaga, sakantenan wee ka bantarujeg ameng ka abdi, caket ieuh, ke urang amengan apruk2an ka lemah sugih, mapay2 gunung, da jalana mah sae....resep kana motor...eh janten ngacapruk.
 
Nia
-----Original Message-----
From: Jalak Harupat [mailto:[EMAIL PROTECTED]
Sent: October 11, 2004 4:30 PM
To: [EMAIL PROTECTED]
Subject: [Urang Sunda] naha caket Talaga-Rs.Kuningan?

Teh Nia di Multipolar,

Naha caket ti Talaga ka-RS Kuningan?

Lanceuk ipar babaran di Talaga (da urang Talaga) di RS Kuningan putra kahiji deui, naha heunteu di RS Majalengkanya? Caket mana teh Nia? Wartosna mah di inkubator da lemah, duh mugia sing salamet.

Mungguh hirup, kamari bapa teu aya, ayeuna lanceuk babaran, asa pagalo.....teu pararuguh bade sedih aya kabungah bade bungah masih keneh kasedih. Mungguhing hirup......asa karek manggihan.

Asa hayang deui mapay-mapay kadinya can loma jeung daerah wetan teh(urang Darmaraja mah nyebatna wetan ka Talaga-Lemahputih sareng daerah palih dinya).

Jalak



Sumedang Tandang Nyandang Kahayang


Yahoo! Messenger - Communicate instantly..."Ping" your friends today! Download Messenger Now

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id





Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id





Sumedang Tandang Nyandang Kahayang


Yahoo! Messenger - Communicate instantly..."Ping" your friends today! Download Messenger Now

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id





Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id



Yahoo! Groups Sponsor
ADVERTISEMENT
click here


Yahoo! Groups Links

Kirim email ke