Kang/Emang joko :).. Abdi mah ti bantarujeg teh, ka cibeurih,kuluwut teras cigaleuh tapi abdi mah cigaleuhna pas tonggoheun sasak cihieum janten sateuacan ka desana,...
Padarek?kantenan terang mah, apanan pami bade amengan ka lemah puith teh pasti ngalangkung padarek, atanapi pami uih ti tangerang kana andawuri ( bekasi-bantarujeg) pasti ngalangkungan padarek. Cijurey terang eta teh paranti apruk2kan ngecrik kapungkur sareng bapak & rai ... Dupi kang joko ayeuna di mana linggihna? wilujeng tepang atuh ieu aya baraya caket geuning, kapungkur oge aya teh Eni urang bantarujeg putrana bapak ..hilap deui, anu di jepang, sok OL, mung ayeuna mah tos uih ka bantarujeg, janten tara OL deui . Nia -----Original Message----- From: joko_teguh [mailto:[EMAIL PROTECTED] Sent: October 13, 2004 12:15 AM To: [EMAIL PROTECTED] Subject: Re: [Urang Sunda] Taman Dino-Lemahputih-> Teh Nia teh nia, kakak ipar abdi urang padarek, terang teu padarek, nini bumi na palih pengkereun balai desa bantarujeg, teras tepang ka pak Wahab henteu, pak wahab teh emang abdi, abdi alona. tempat di bantarujeg anu apal: cilaki, cijurey, kopo, cikedang , hehehhe, cibeurih, kuluwut, ieu mah daerah nenek moyang. Nami mah joko teguh tapi upami di bumi janteun asep(joko). Dupi teh nia palih mana di bantarujeg na....? --- In [EMAIL PROTECTED], "Nia Sri Winiarsih" <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > Kang sahman, > Aiih,..jadi waraaas eta geuning kang sahaman terangan euy..muhun da di sateuacan lemah putih teh, aya taman sareng dinosaurusna sareng villa sae pisan, malah aya kolam renangna pami teu lepat mah ( kabayang wee beranang di dinya, murungkut meureun da tiisss pisan )....abdi oge unggal uih ka bantarujeg sok ngahajakeun amengan ka lemah putih kana motor, teu ari ka taman dino na mah, mung ngalangkung wae..da liren2 teh ke di atas gunung anu aya tangkal rangru saageung alaihim..cenah duka alaihim teh nukumaha.... > Pami usum sayuran, Sakantenan meser sayur2an, metik nyalira di kebon sayur sisi gunung marirah pisan, plung plong kaditu kadieu teh...gunung dan perbukitan, oge lembur2 batur,....sepi langki aya kendaraan, tapi sae jalana mah...uih2 teh muter ka cipasung, horendeng....anu hawana tiiisss... matak ngahod2.. > > kantos kapungkur amengan sareng rai2 abdi, kaleresan aruih sadaya karempel di lembur...amengan ka lemahputih, eta kabita ku tangkal camara di sisi jalan sisi leuweung,...saageung tangkal sampeu, di cabut ku opatan di garugunyeng bade di pelak di payunen bumi ...beunang tangkal camarateh, ......jadi teu eta tangkal teh, tangan barared iya. Ceuk rai abdi mah potong akarna, cenah da ieu mah akar tunggal kitu?.... > > Bantarujeg - Talaga teh caket sakali naik angkot, paling 30 menit. tapi jalanna awon :D.... > > Nia > > -----Original Message----- > From: Jalak Harupat [mailto:[EMAIL PROTECTED] > Sent: October 12, 2004 12:44 PM > To: [EMAIL PROTECTED] > Subject: [Urang Sunda] Taman Dino-Lemahputih-> Teh Nia > > > Teh Nia, > Ti Bantarujeg ka Talaga caket teu? > Abdi mah ke Lemah Putih mah pernah sakali mung jalanna anu bade ka Malangbong teras belok ti Wado Girang teh ka kenca nuju Sukanyiru. > Endah pisan nya di Lemah Putih teh.....aya Villa di sisi gunung Cakrabuana. Didinya teh seueur pisan kebon sabangsaning kebon sayur kentang jrr. Jalanna nanjak sisi gawir lalungkawing palebah Sukanyiru, aya tangkal cemara ting jalegir meni laluhur pisan. Jalmi- jalmi kukulamprengan tas ti leuweung bari semu diharudum sarung. Asa jiga di Tibet anu tiris euy...... Leuh waas....kacida. > Teras ngobrol sareng tukang kebon sayur anu pek teh ti Lembang Bandung, tah abdi mah sok resep ngobrol sareng tukang sayuran teh da resep kanu rumbah. Sugan we dibere rumbah keur dituang di bumi he...he.. > Ah dimana-mana ge urang gunung mah pasti sakaturunan, abdi ka Cisoka, gunung Kerenceng di SUmedang anu ngolah enteh teh urang Bandung deui atawa Garut. Sok geura... > Balik deui ka Sisi Gunung Cakrabuana, waktos ngobrol teh sareng si Bapa anu bumina tina kai kabeh (jiga imah Country di Amerika). titingalian Plung Plong kaditu kadieu...kaciri Darmaraja, Cibugel satungtung deuleu....keboneun tingrunggunuk melak jahe, sayur jrr. > Malah aya 15 hektar mah cenah gaduh Pak haji....aya Villa ditengahna...(ceuk pikir mun milik abdi...raos, rek nyingkurkrun diri we rek neangan inspirasi). > Tah didinya teh, sisi leuweung, cenah ceuk si Bapa teh upami wengi ti Tabuh 2 dugi ka subuh rame sasatoan sabangsaning monyet, manuk, macan, babi jrr tingsalegor....Ah kabayang endahna, hayang meuting didinya ngadengekeun sora sasatoan. > > Teh Nia, teras abdi teh ka Taman Dinosaurus, teh Nia tos kungsi kadinya? Lumayan di lembur mah, malah sanes lumayan deui. Seueur duitna na nya anu ngabangun eta Taman. Di lembur singkur miceun duit kanggo nyieun taman Dino, leuh sabarah ratus juta. Ieu ge tempatna di luhur gunung deui....malah cenah anu gaduhna teh anu gaduh Villa palih dinya, duka tah da meni lega pakaranganna ge teu kaciri villana dimana. > Sakitu pangalaman abdi mah di Talaga-Lemahputih-kaliwatab Bantarujeg panginten nya? > > Jalak > Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> Make a clean sweep of pop-up ads. Yahoo! Companion Toolbar. Now with Pop-Up Blocker. Get it for free! http://us.click.yahoo.com/L5YrjA/eSIIAA/yQLSAA/0EHolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

