Cik, sakali sakali bawakeun kaset calung kang Darso...... sugan we tambah......(naon nya'......)
 
-didat-

kumincir <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Heuheu... geus lila sabenerna mah neundeun kaset kacapi suling "Catrik
Sadunya" di lab teh, kungsi sababaraha kali disetel. Ngan kusabab barudak
protes, nya eureun weh nyetel teh... Terus rarasaan mah eta kaset teh geus
dibawa balik.
Sabalikna ti Jogja, keur anteng2 di kafe memeh ngamimitian gawe, balad
sa-lab ngelepon,
"Dan, sahate euy... Dengekeun geura...", ceuk manehna teh na telepon. Kuring
ngadedengekeun, euweuh sora nanaon.
"Naon atuh?" ceuk uing teh.
"Ka dieu we geura..", ceuk manehna.
Rada gura-giru ngiclik ka lab. Ana jol... horeng aya nu nyetel kaset kacapi
suling. Ditempo, aeh geuning bet kaset nu uing... Singhoreng juragan ageung
nuju resep ngadangukeun kacapi suling, terus hayang dahar di saung cenah...
Heheh... kapelet siah! Cacak anjeunna mah urang Jawa, ngan cenah ari
leutikna mah kungsi di Lembang. Nu sejenna mah memang lolobana urang Sunda
(maksa): urang Batak Bandung, urang Cina Bandung, atawa boga salaki urang
Sunda. Heuheu...
Geus sababaraha poe kaset nu disetel teh eta2 keneh, juragan ageung rupina
tos ngawitan bosen.
"Iya tuh, anak2 udah pada bosen dengerin kasetnya. Bawain lagi yang
lain...", saur si juragan.
"Heheh.. heug!" ceuk uing. Isuk-geto dipangmawakeun kaset degung lah...
atawa Cianjuran sakalian!

--
k#5

________________________________________________
Message sent using QuasarMail 1.0



Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




Do you Yahoo!?
vote.yahoo.com - Register online to vote today!

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id



Yahoo! Groups Sponsor
ADVERTISEMENT
click here


Yahoo! Groups Links

Kirim email ke