Assalaamu'alaikum...

Baraya,
Aya baturan sakantor, urang jepang, nyarioskeun yen di
nagara anjeunna aya oge musik pituin jepang anu persis
pisan samodel kacapi suling. Anjeunna oge gaduh
koleksi cd/kaset kacapi suling sunda anu seeur. Sok
matak wararaas nineung ka lemburna ceunah lamun
ngahuleng bari ngadangukeun kacapi suling ceuk
anjeunna teh. Kungsi bareto si kuring ngiring mobil
anjeunna ti bekasi ka jakarta, singhoreng teh heeuh
eta jepang nyetel cd kacapi suling cianjuran
sapapanjang jalan...
Tapi numutkeun tina sajarah kacapi suling jepang, ceuk
sakaol mah eta suling kawitna teh ti nagara china.
Baheula teh kungsi aya urang china anu keur ngumbara
ka nagara jepang. Anjeuna los asup kaluar unggal
lembur di nagara jepang bari sok mamawaan suling. Tah
ti dinya mimitian urang jepang wanoheun ka alat musik
suling, pek wae manehna ngadaramel suling nurutan eta
urang china.  

Duka tah numana anu pangheula na aya, kacapi suling di
urang atanapi anu aya di china? Panginten aya baraya
sanes anu langkung terang perkawis ieu kacapi suling,
sok mangga diguar..   

Wassalam,

baktos akos 


> 
> kumincir <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> Heuheu... geus lila sabenerna mah neundeun kaset
> kacapi suling "Catrik
> Sadunya" di lab teh, kungsi sababaraha kali disetel.
> Ngan kusabab barudak
> protes, nya eureun weh nyetel teh... Terus rarasaan
> mah eta kaset teh geus
> dibawa balik.
> Sabalikna ti Jogja, keur anteng2 di kafe memeh
> ngamimitian gawe, balad
> sa-lab ngelepon,
> "Dan, sahate euy... Dengekeun geura...", ceuk
> manehna teh na telepon. Kuring
> ngadedengekeun, euweuh sora nanaon.
> "Naon atuh?" ceuk uing teh.
> "Ka dieu we geura..", ceuk manehna.
> Rada gura-giru ngiclik ka lab. Ana jol... horeng aya
> nu nyetel kaset kacapi
> suling. Ditempo, aeh geuning bet kaset nu uing...
> Singhoreng juragan ageung
> nuju resep ngadangukeun kacapi suling, terus hayang
> dahar di saung cenah...
> Heheh... kapelet siah! Cacak anjeunna mah urang
> Jawa, ngan cenah ari
> leutikna mah kungsi di Lembang. Nu sejenna mah
> memang lolobana urang Sunda
> (maksa): urang Batak Bandung, urang Cina Bandung,
> atawa boga salaki urang
> Sunda. Heuheu...
> Geus sababaraha poe kaset nu disetel teh eta2 keneh,
> juragan ageung rupina
> tos ngawitan bosen.
> "Iya tuh, anak2 udah pada bosen dengerin kasetnya.
> Bawain lagi yang
> lain...", saur si juragan.
> "Heheh.. heug!" ceuk uing. Isuk-geto dipangmawakeun
> kaset degung lah...
> atawa Cianjuran sakalian!
> 
> --
> k#5



                
_______________________________
Do you Yahoo!?
Declare Yourself - Register online to vote today!
http://vote.yahoo.com


------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
$9.95 domain names from Yahoo!. Register anything.
http://us.click.yahoo.com/J8kdrA/y20IAA/yQLSAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke