|
Kahatur baraya kusnet sareng kang Rahman,
sateuacanna sim kuring neda di hapunteun.Pribados saleresna teu acan lami
ngiringan sareng ngariung di milis ieu , taun-taunnan sim kuring tos ngantunkeun
lembur asli. Hiji mangsa di site google kuring ningang kana site komunikasi
urang sunda, ku teu kahaja kuring lebet ka milis ieu, sim kuring ngaraos bungah
jeung gumbira tiasa tepung jeng baraya ,cenahmah sabangsa.Karaos asa teu
nungeulis sanajan jauh. Ayeuna aya milis anyar deui, iraha atuh urang ngariungna
, ieu aya, itu aya , ieu nyieun, itu nyieun. pamendak sim kuring, iraha bade
saguluyungan ?... nu puguh mah kalahkah pa aing-aing jeng pecah belah. Bade sae
heunteu na teu langkung . Sakali deui hapunteun bilih aya kalepatan, ieu mah
ngansaukur pamendak sim kuring.
baktos kuring
msm
|
- [Urang Sunda] baraya Sunda Rahman

