Haturan Kang Murdi,

Henteu aya niat ti kuring rek gogontokan ;-)) Sapertos disanggemkeun 
ti payun, kuring teh kantos jadi anggota milis pamass + lises. 
Kumargi sibuk aras-urus anu teu puguh, nya kuring teh mundur heula. 
Tah kamari teh nyobian deui bade aktif di dinya, ngan geuning te aya 
reaksi2 acan. Kapungkur mah dina eta milis teh sok resep diskusi, 
jeung gogonjakan. Mung, siga na mah anu ngagegeuh eta milis teh tos 
teu gaduheun waktos. Ku margi kitu sim kuring lah2an wae muka nu 
anyar. Milis US mah apan tos moyan, anggota na oge 750-an geuning. 
Panginten ku ayana milis anyar, makin seueur piliheun kitu sanes? 

Nya mangga bae dilajengkeun bae. 

salam, Rman





In [EMAIL PROTECTED], "murdi" <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> Kahatur baraya kusnet sareng kang Rahman, sateuacanna sim kuring 
neda di hapunteun.Pribados saleresna teu acan lami ngiringan sareng 
ngariung di milis ieu , taun-taunnan sim kuring tos ngantunkeun 
lembur asli. Hiji mangsa di site google kuring ningang kana site 
komunikasi urang sunda, ku teu kahaja kuring lebet ka milis ieu, sim 
kuring ngaraos bungah jeung gumbira tiasa tepung jeng 
baraya ,cenahmah sabangsa.Karaos asa teu nungeulis sanajan jauh. 
Ayeuna aya milis anyar deui, iraha atuh urang ngariungna , ieu aya, 
itu aya , ieu nyieun, itu nyieun. pamendak sim kuring, iraha bade 
saguluyungan ?... nu puguh mah kalahkah pa aing-aing jeng pecah 
belah. Bade sae heunteu na teu langkung . Sakali deui hapunteun 
bilih aya kalepatan, ieu mah ngansaukur pamendak sim kuring.
> 
> baktos kuring
> msm






------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
$9.95 domain names from Yahoo!. Register anything.
http://us.click.yahoo.com/J8kdrA/y20IAA/yQLSAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke