Assalamu alaikum wr wb
baraya, Shaum, saur ajeungan mah sami jeung "imsyak" anu hartina 'nahan'. tah, mun kuring embung ngelol deui di ieu lembur, sacara bahasa mah geus 'shaum' oge. kusabab mun make definisi basa wungkul mah bakal sagala karawu, nya ku anu palinter teh dibatesan deui, jadi nahan tina sagala rupa anu matak ngabatalkeun paniatan tur parilaku (tindakan) shaum, nyaeta: sapatemon sareng salaki/pamajikanna (da lain jeung muhrimna mah lain ngan batal puasa, tapi kaislamanan oge sigana mah 'batal'), dahar, nginum, tur pagawean anu matak ngaruntagkeun pahala puasa saperti ngupat (lain ngupat tahu, anging kupatna didahar!), pokokna mah sagala rupa anu matak ngalajur nafsu we. Saur Rasul, jang anu ngalakukeun shaum bakal meunang dua kagumbiraan: (1) gumbira nalika manehna ngabatalan shaum (anu unggal poe, meureun); (2) gumbira nalika anjeuna tepang sareng anu ngageugeuh dirina, nyaeta Allah swt. Malahan, saur Rasul oge, panto sawarga keur Shoimin (jalma anu ngalakukeun shaum) mah beda. Namina Ridwan. Eta panto bakal ngageroan, "aena shoimuun", (di mana anu resep shaum teh)? Darajat anu shaum oge beda. Saur Allah, dina hadist Qudsi, "sagala pagawean hade anu dilakukeun manusa, kabehna keur (kabagjaan) eta manusa; anging shaum. eta mah keur KULA (ALLAH). Kaula sorangan anu bakal mere ganjaran keur maranehna. tah, kitu baraya di antara kautamaan shaum teh, punten bisi lepat cag wassalamu alaikum tantan ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> $9.95 domain names from Yahoo!. Register anything. http://us.click.yahoo.com/J8kdrA/y20IAA/yQLSAA/0EHolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

