Rupina mah keuna ku babasan "teu wanoh mangka teu nyaah" tea panginten nya, Mang Hasan. Nu kaalaman we ku simkuring, da teu mindeng atuh ngadenge/lalajo nu pentas seni Sunda. Matak asana teh wajar mun kuring rek teu mikaresep ge, da jarang ngadenge tea. Tong boro bisa maenkeun alat musikna, dalah manggihanana ge teu gampang mun teu ngahajakeun mah. Katambah deuih gede teh lain di lingkungan nu deukeut jeung kasenian, nya nyamos we. Kaayeunakeun soteh mikaresep, malah diimplik-implikan ku jorojoy hayang diajar maen sagala. Tapi tetep bae, ayeuna mah karak nepi ka hayangna wungkul, prakna mah boro-boro...
Perkawis wawacan, upami Mang H gaduh salinan digital naskah2 heubeul, punten simkuring alungan, urang lebetkeun ka pabukon digital naskah wikimedia tea. -- k#5 --------- Original Message -------- > jarangna urang sunda kiwari mikaresep seni buhun, > sapertos kacapi suling, tiasa jadi aya sababaraha > kasang tukangna. sim kuring nitenan tina kasus > homepage pupuh 17, anu sababaraha waktos kalangkung > kungsi diuningakeun ka palawargi sadayana. ________________________________________________ Message sent using QuasarMail 1.0 ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> Make a clean sweep of pop-up ads. Yahoo! Companion Toolbar. Now with Pop-Up Blocker. Get it for free! http://us.click.yahoo.com/L5YrjA/eSIIAA/yQLSAA/0EHolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

