Wilujeng sumping saderek Oeking....!!!, wilujeng ngumpul ngariung di ieu situs, mugia sing betah tumaninah, amengan ka babakan KUSNET...
Perkawis sim abdi mah teu kedah nepangkeun deuinya, dan kantos pendak di YM.
Mangga lajengkeun.
 
Pihatur
ssw
 
oeking2004 <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Sampurasuuuu.....,
Allhamdulillah..., gening tos anjog lalampahan teh, lima taun abdi milarian situs  sareng perkempelan kasundaan, gening kapendaknateh kedah nyubadanan tarekah kumelendang di negri deungeun heula nagri Uwa Sam. 
Abdi teh ngaraos reueus kuayana media komunitas sunda di
dunia cyber.
Nepangkeun Abdi Sakulawargi :Oeking alias (Asep D. Suhendra
Natanagara), Sukma Damayanti Natanagara pun Bojo, Mahandrika
Natanagara, Pun Anak.
Linggih         : Jl. Ciwaruga Jaya No.06- Ter.Gegerkalong Hilir-Bandung
ayeuna nuju ngalanglang di nagri Uwa Sam.
Sareng upami teu kaabotan, manawi aya anu terang sajarah Babat
Sumedang( Prabu Geusan Ulun sareng Prabu Jayaperkosa)punten pang ngalungkeun karohangan abdi : (Oeking2004 @ yahoo.com ) saur pun nini abditeh aya seke selerna ti dinya...tapi dugi kaayeuna ngaraos pareumeun obor kumaha sajarah aslinateh.

Hatur Nuhun...



Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id



Yahoo! Groups Sponsor
ADVERTISEMENT
click here


Yahoo! Groups Links

Kirim email ke