Wilujeng tepang kang Asep,
Abdi oge sami reueus pisan mendakan ieu situs teh, janten seueur baraya anu ti suklakna ti siklukna gening ngarempel didieu tebih ti lembur ge asa caket ayeuna mah.Ari abdi mah ayeuna nuju ngumbara di kepulauan Pacifique anu katelah Caledonie. Mangga wilujeng ngariung di ieu lembur.
 
cag heula,
 
lilis
 


oeking2004 <[EMAIL PROTECTED]> wrote:


Sampurasuuuu.....,

Allhamdulillah..., gening tos anjog lalampahan teh, lima taun abdi
milarian situs  sareng perkempelan kasundaan, gening kapendaknateh
kedah nyubadanan tarekah kumelendang di negri deungeun heula nagri
Uwa Sam.  Abdi teh ngaraos reueus kuayana media komunitas sunda di
dunia cyber.

Nepangkeun Abdi Sakulawargi :Oeking alias (Asep D. Suhendra
Natanagara), Sukma Damayanti Natanagara pun Bojo, Mahandrika
Natanagara, Pun Anak.
Linggih         : Jl. Ciwaruga Jaya No.06- Ter.Gegerkalong Hilir-
Bandung
ayeuna nuju ngalanglang di nagri Uwa Sam.

Sareng upami teu kaabotan, manawi aya anu terang sajarah Babat
Sumedang( Prabu Geusan Ulun sareng Prabu Jayaperkosa)punten pang
ngalungkeun karohangan abdi : (Oeking2004 @ yahoo.com ) saur pun
nini abditeh aya seke selerna ti dinya...tapi dugi kaayeuna ngaraos
pareumeun obor kumaha sajarah aslinateh.

Hatur Nuhun...








Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




Cr�ez gratuitement votre Yahoo! Mail avec 100 Mo de stockage !
Cr�ez votre Yahoo! Mail

Le nouveau Yahoo! Messenger est arriv� ! D�couvrez toutes les nouveaut�s pour dialoguer instantan�ment avec vos amis. T�l�chargez GRATUITEMENT ici !

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id



Yahoo! Groups Sponsor
ADVERTISEMENT
click here


Yahoo! Groups Links

Kirim email ke