|
Leres pisan, Kang UCU memang aya keneh. Tos sepuh. Anjeunna dugi kaayeuna
dianggap keneh hiji inohong nu gaduh pangaruh di kalangan budak ngora.
Anjeunna katelahna "Si CEPER" atawa "UCU CEPER". Malah kapungkurna mah
sering ngaos sareng ka (alm) Ustadz Mu'man Syarief ti Pasantren Persis Pamanukan
- Guru sim kuring.
Nuju pangwangunan "Yogya Dept. Store" di Pamanukan, anjeunna ngiringan
ilu-biung ngabebenah masyarakarat sekitar. Di kalangan preman mah anjeunna
kalebet hiji preman nu ageung pisan toleransina ka sasama. Rada nyantri ongkoh.
Maklum binaan pun guru meureun. Alamat ajeunna teu acan ngalih masih keneh di
Gang Masjid payuneun SD Bunda Maria (sanes pengkereun).
Panginten sakitu heula kabar ngeunaan Kang UCU. Iraha bade ameng ka
Pamanukan?
Diantosan kabarna.
Salam baktos,
Om TEDDY
|
- Re: [Urang Sunda] Picture 007 Didin Kustandi
- Re: [Urang Sunda] Picture 007 Om TEDDY
- Re: [Urang Sunda] Picture 007 Didin Kustandi

