Hatur nuhun Om TEDDY, ulah kapalang bela, manawi pareng pajonghok, punten pangdugikeun salam baktos ti abdi, sebatkeun bae rai kang UCU, putra mang Hajji Kayat ti Bojongkunci-Banjaran. Insya Allah, hiji waktos seja nepangan. Pasti kalinglap da parantos lami pisan. Nuhun kang UCU parantos nyantri ka kolotnakeun, peupeuriheun baheula keur ngora ngan gelut jeung gelut bae damelna teh dugi ka kauninga ku ua H. Rachmat Hidayat anu lajeng nitipkeun putrana pikeung guguru gelut ka kang UCU.
Hatur nuhun Om TEDDY, kasaean salira ku sim kuring disanggakeun ka nu kagungan urang sadaya, pamugia kengeng ganjaran nu langkung sae.
 
Salam,
Kang Dien

Om TEDDY <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Leres pisan, Kang UCU memang aya keneh. Tos sepuh. Anjeunna dugi kaayeuna dianggap keneh hiji inohong nu gaduh pangaruh di kalangan budak ngora.
Anjeunna katelahna "Si CEPER" atawa "UCU CEPER". Malah kapungkurna mah sering ngaos sareng ka (alm) Ustadz Mu'man Syarief ti Pasantren Persis Pamanukan - Guru sim kuring.
Nuju pangwangunan "Yogya Dept. Store" di Pamanukan, anjeunna ngiringan ilu-biung ngabebenah masyarakarat sekitar. Di kalangan preman mah anjeunna kalebet hiji preman nu ageung pisan toleransina ka sasama. Rada nyantri ongkoh. Maklum binaan pun guru meureun. Alamat ajeunna teu acan ngalih masih keneh di Gang Masjid payuneun SD Bunda Maria (sanes pengkereun).
 
Panginten sakitu heula kabar ngeunaan Kang UCU. Iraha bade ameng ka Pamanukan?
Diantosan kabarna.
 
Salam baktos,
 
Om TEDDY

Do you Yahoo!?
vote.yahoo.com - Register online to vote today!

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id





Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




Do you Yahoo!?
vote.yahoo.com - Register online to vote today!

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id



Yahoo! Groups Sponsor
ADVERTISEMENT
click here


Yahoo! Groups Links

Kirim email ke