Ehm.. maos perkawis PSK di Batam, anapon di Bintan.. janten emut pangalaman
taun '95 dugikeun ka '98, sok aber aberan di Batam teh..
seueur anu ngangken US, saurna urang Indramayu, Majalengka, Sumedang, Subang
jsbna.. nya aya sababaraha anu nyambung diajak nyarios Sunda.. oge teu
sakedik anu tiasa Sunda tapi logatna benten.. tapi da kumaha deui.. sareng
kantos aya anu istilahna nyensus... ti lembaga salah sahiji lembaga sosial..
punten hilap deui yeuh namina.. tina hasil sensus eta, nyebatkeun mayoritas
PSK anu aya di Batam teh ti JABAR... deuh matak rieur.. 
kang Gun, di Batamnya?

abdi kapungkur di Batam ngawitan Mei'95 tug ka Juni '9 damel di PT. Philips
DAP Batam ( Muka Kuning ) salajengna ti 25 Juni '99 dugikeun ka Desember '99
janten Pengangguran Elit Batam... heuheuheu... 

Baktosna,


-----Original Message-----
From: Gunawan Yusuf [mailto:[EMAIL PROTECTED]
Sent: Wednesday, January 29, 2003 8:45 AM
To: [EMAIL PROTECTED]; [EMAIL PROTECTED]
Subject: [Urang Sunda] Re: [kisunda] Re: kasundaan di jabar


Upami dina kaawonan mah Jawa Barat sok disakompet daunkeun jeung sunda,
contona bae dina korupsi padahal mah seueur pajabat di jabar nu sanes sunda
siga anggota dprd jabar, kepala dishub bandung (timbul .....urang batak),
jrrd. Aya deui nu sok disakompet daunkeun teh sapertos PSK di batam atanapi
nu sanesna sok sering ngaku-ngaku urang sunda padahal tong boroning diajak
ngomong sunda ditaros sunda-na dimana oge  sok palahak-polohok ..........


------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Make a clean sweep of pop-up ads. Yahoo! Companion Toolbar.
Now with Pop-Up Blocker. Get it for free!
http://us.click.yahoo.com/L5YrjA/eSIIAA/yQLSAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 

Kirim email ke