RATU BUNGSU NANGENAN REK NGALAMAR Kuring teh katunjung pisan ku tuang Ambu katunjang ku tuang Rama erek milu dedepok nempel nya keri sugan kapake sapoe sugan kapake dua poe mulanan naunan winduan tapi kuring calik Mama Lengser embung katembir calik embung kapenggang hayang calik babarengan jeung nuboga nagarana Saur Mama Lengser :" Jih lamun kitu mah sampena teh boga sisir kerep gaduh piker eujeung karep "Nah sukur Mama Lengser ari parantos kahartos mah Tah saurkeun ka nu gaduh nagarana, Mama Lengser Kadongkapan semah kasep, geuwat temonan "Pangapunten bae kuring bade ngadeuheus ka Nyi Putri ka anu aya di paseban panyingkuran LENGSER DIPIWARANG KU RATU BUNGSU KA MALANGGI RARANG Nuhun pisan Mama Lengser. Teras angkat Mama Lengser Ngadeuheus nya la Nyi Putri Nyi Putri teh keur pareng sare tibeurang Dicalukan ku Mama Lengser teu daek nya gupuh nembal
MALANGGI RARANG KEUR KULEM Mama Lengser geus ngaharti Tangtu keur sare beurang Enyaan bae keur sare ngajolopong Sarena teh marudah pisan samping nyingsat ka luhureun harigu si Lengser arek diajar noong noongna teh salongok sapi ulang uleng semet cangkeng ningal kagungan mojang nu geulis sagede babatok rebab Mama Lengser kasiahaan tuang kagungan sagede indung tongtolang sampingna sampe rajet Mama Lengser katotogan ku tuang kagungan PUTRI GUGAH Nyaritakeun mojang nu keur sare Usik leutik korejat burial hudang "Deudeuh teuing kuring nya sare sare kuring teh marudah teuing samping sampe nyingsat ka luhureun harigu era teuing lamun aya nu tas noong Nya pira Ngalieuk ka kidul suwung Ngalieuk ka kulon poek mongkleng Ngalieuk ka kaler peteng rubet Ngalieuk ka wetan ganeaan Ningal ka handapeun aya Mama Lengser "Aeh Mama Lengser bagea teuing iraha dongkap Tembal Mama lengser "Jagong carang Ratu Emas "Jadi Mama Lengser teh kakara hol Atuh sukur Mama Lengser boa tas noong heula "Aduh Ratu Emas ulah tudah tuduh ka nu puguh ulah ngangaranan ka nu enya palias teuing lamun teu tas noong "Nya sukur atuh Mama Lengser lamun teu tas noong mah Tapi lamun tas noong ulah pupulih ka batur ulah cacarita ka tatangga ari uar uar mah kajeun Ceuk Mama Lengser teh "Ari kitu mah nya bodo keneh "Nuhun Mama Lengser etah adat jaman papantunan bodo pinter. Kumaha ayeuna teh Mama Lengser Tas nemonan semah kasep teh Aya ta euweuh..? Ceuk Mama Lengser "Nya enggih berkah Ratu Emas kadongkapan semah teh kasep kacida nyaeta sebat Ratu ti Pakuan menak ti Pajajaran nu calik dina lemah miring nu lungguh dina lemah duwur nu tiasa ngarangga wayang arena teh Ratu Bagus Karma Jaya mung sakitu jenenganana. "Geuning ngaran teh sanagaraeun Mama Lengser "Nuhun Ratu Emas ceuk Mama Lengser "Kumaha saurna jalma kasep arek kumaha..? "Nyaeta sebat saurna jalma kasep teh" Katunjungna ku tuang Ambu Katunjangna teh ku tuang Rama Erek milu dedepok cenah Nempel ka keri Sugan kapake sapoe dua poe Mulanan taunan winduan "Ari kitu mah semah boga sisir kerep Mama Lengser..boha piker eujeung karep ka kuring teh Tembal Mama Lengser " Atuh nuhun" "Nya ditarimakeun Mama Lengser saurna Mang Semah ka nu geulis Ratu Emas Malanggi Rarang Mung ayeuna ulah gupuh manis Saurkeun ka Mang Semah ku Mama Lengser Urang pait heula Tembalna ceuk Mama Lengser "Pait naon Ratu Emas pait paria..? "Aduh Mama Lengser sanes pait paria pait ku pamenta kuring. (hanca) ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> Make a clean sweep of pop-up ads. Yahoo! Companion Toolbar. Now with Pop-Up Blocker. Get it for free! http://us.click.yahoo.com/L5YrjA/eSIIAA/yQLSAA/0EHolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

