Nitenan soal wartos Bom Bunuh Diri, kuring rada ngahuleng jeung 
palalaur, geuningan nu ngalakukeun bom bunuh diri teh jalmi-jalmi 
nau relatif sangsara di lingkunganana. Heri Golun urang kebon Pedes 
Sukabumi nu ngebom kedubes Australia teh lain jelema beunghar, 
manehna wawuh jeung nu nga "indroktinasi" na (nu cenah mah urang 
Jawa dua urang) kulantaran mimitina mah ngagawekeun nyieun balong 
(empang) boga dua urang ieu di lembur Heri Golun, nu buruhna lumayan 
Rp. 25.000 ditambah dahar 2 x dina sapoena.

Bom bunuh diri di Bali oge sami, nu ngalakukeunana teh urang Banten 
Pakidulan (pandeglang). Hilap deui saha namina mah (lamun teu lepat 
mah IQbal nami samaranana), ngan waktu imah kolotna ditayangkeun 
dina TV, kaciri ieu jalma teh lain jelema aya, da bumi kolotna oge 
mani awon pisan, leuwih mirip saung tibatan imah.

Kadang-kadang kuring mikir, boa-boa nu miskin di nagara urang geus 
frustasi pisan nepi ka gampang dihasut (diprovokasi) ku jalmi-jalmi 
nu leuwih ngarti?

-WALUYA-





 





------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
$9.95 domain names from Yahoo!. Register anything.
http://us.click.yahoo.com/J8kdrA/y20IAA/yQLSAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke