punten ngiring mairan kana dongengan ngenaan praktik
nelasan maneh (bunuh diri)

Aya dua kategori teori maehan maneh (suicide). Bunuh
diri anu kusabab geus teu ngabogaan jalan deui keur
ngabereskeun masalah, pikeun lumpat tina eta masalah,
manehna ngalakukeun bunuh diri. Ieu bisa ditinggali
dina konteks sababarah kajadian maehan maneh di urang
sababaraha waktu katukang. Model maehan maneh anu
kahiji ieu, sababaraha kajadian disababkeun ku  soal
ekonomi, kabogoh direbut batur, loba anu nagih, era,
atawa kukasieun (tinggal artikel kompas 17 Juli, 2004;
http://www.kompas.com/kompas-cetak/0407/17/Fokus/1152378.htm)


Tapi aya oge anu maehan maneh kusabab niat lain,
saperti jihad, ngalawan jeung sajabana. Ceuk kuring,
anu kadua bisa ditinggali dina kajadian pamuda
Palestina anu ngalakukeun ieu. 

Tapi, umpama ninggali sabab musabab pasualan, anu
kahiji jeung kadua sok sanajan punclutna mah sarua:
nelasan maneh. Nu kahiji motifna lumpat tina realitas
kusabab geus teu sanggup nandangan deui eta hal; anu
kadua mah ngalawan hiji kakuatan anu geus teu aya deui
cara, nya modelna siga kitu. 

Kredona oge beda; Nu kahiji mah. "Paeh nganggeuskeun
masalah"(?); nu kadua mah " nahnu qaumun yuhibbunal
maut kama tuhibunal hayat" [Kuring sarerea hiji kaom
anu mikacinta maut (paeh) siga anjeun sakabeh
mikacinta hirup]. Diucapkeun ku Khalid atawa Thariq
bin Jiyad (mun teu lepat) basa manehna perang jeung
musuh. 

Dina persepsina, nukahiji mah "paeh akhir hirup"; anu
kadua mah "maot awal kahirupan". Saur Allah, "walaa
taqulu lima yuqtalu fi sabiilillah amwatt bal ahya
walaakin laaya'lamun" [Omat ulah nyangka yen anu
syahid di jalan Allah teh maot; saenyana maranehna teh
(tetep) hirup tapi aranjeun kabeh teu nyaho]. 

Sok sanajan kumaha, praktik nelasan maneh tetep
ngarupakeun soal sosial anu gede. ti beh ditu keneh,
Durkheim geus ngajelaskeun ngenaan gejala ieu. 
Ceuk manehna dina karyana Suicide (1897), nyeubutkeun
yen aya tilu faktor anu nyababkeun hiji jalma nelasan
maneh: (1) faktor egois anu nyambung jeung rasa putus
asa pribadi. (2) faktor altruistik, di mana bunuh diri
kusabab pasualan martabat keluarga jsb. (3) faktor
anonim atawa faktor anu lain kusabab egois atawa
faktor altruistik.
   
Tah, ninggali anu ngalakukeun bom bunuh diri, lebet
kamana? Mangga nyanggakeun. 

Ngan kuring mah teu panuju mun hiji-hijina sabab ngan
pasualan ekonomi. Aya faktor lain anu leuwih gede tur
rumit. Ngan naon ieu, mangga (mun teu nyeepkeun waktos
baraya) emutan sing telek tur anteb. 

cag, 

tantan




--- waluya56 <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

> 
> Satuju pisan kang Dhanny, kuduna mah aya gerakan
> moral supaya nu 
>
> 
> 
> 
> 



                
__________________________________
Do you Yahoo!?
Yahoo! Mail - 50x more storage than other providers!
http://promotions.yahoo.com/new_mail


------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
$9.95 domain names from Yahoo!. Register anything.
http://us.click.yahoo.com/J8kdrA/y20IAA/yQLSAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke