Haturan ua.... Beu, aya kukitu nya nu daremo teh. Sumuhun Ua ieu ge abdi seja cumarios, duka nyambung duka henteu sareng cariosan Ua hehehe........tong boro noni (non Islam) dalah urang Islam na ge mandang jilbab teh mangrupikeun "simbol" atanapi perlambang Agama anu ta'at. Janten umumna di masarakat sok aya rumus upami tos dijilbab hartosna agamana tos sae, padahal Jilbab teh mangrupikeun raksukan nu diparentahkeun ti Alloh kanggo MahlukNa nu manina wanoja/istri. Numutkeun abdi nganggona jilbab hiji wanoja sanes totonden yen anjeuna tos masagi dinu sagala widang agama, mung nuju nerapkeun usaha dina raraga ngajalankeun parentah ti Alloh, nya nu namina usaha tea kadang aya anu berhasil kadang aya nu kitu-kitu wae. Ongkohan di Indonesa mah nu namina Jilbab kanggo muslimah teh tiasa dipetakeun kana sababaraha model, walhasilna jilbab di Indo teh pareatip. neng an... *nu nuju lieurrr..... -----Original Message----- From: MRachmat Rawyani [mailto:[EMAIL PROTECTED] Sent: Tuesday, October 05, 2004 5:25 PM To: [EMAIL PROTECTED] Subject: [Urang Sunda] Re: Leungeun Mang Adma jadi Lilinieun Re: PKI Satuju kana cariosan Teh Pipiet Senja (kamana wae teteh teh salami ieu?), kedah aya anu ngageuingkeun urang bahayana paham komunis. Kuring gaduh pangalaman, duka tah nyambung atanapi heunteu sareng anu dicarioskeun teh Pipiet. Waktos di UI aya demo anti Afee (admission Fee) teh seuseurna wanoja anu nganggo jilbab. alesan demo teh cenah kampus UI teh kampus perjuangan rakyat, jadi lamun "kampus rakyat" mah teu kenging mahal-mahal, malahan mah kudu gratis. Gara-gara demo, aya saurang mahasiswa Fakultas Hukum batal ujian skripsina alatan dosen pengujina teu tiasa dongkap ka kampus ditahan ku para demonstran. Aya demonstran mahasiswi berjilbab, anu "ngamaki-maki" ka para dosenna teh nyebatkeun "anjing". Duka karasukan naon tah si mahasiswi berjilbab teh dugi ka ngaluarkeun ucapan anu kotor kitu. mrachmatrawyani ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> $9.95 domain names from Yahoo!. Register anything. http://us.click.yahoo.com/J8kdrA/y20IAA/yQLSAA/0EHolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

