heuheuheu....kang Tan sok atuh ari bade medar sajak teh naha bet teu janten,
resep abdi mah maosan sajak sunda teh, mung dugi ka ayeuna teh kecap-kecap
sakti bahasa sunda teu acan tiasa dilarapkeun kana sajak, janten hasilan
sajak nu sederhana wae, reueus puguh tiasa ngahasilkeun sajak sunda, komo
upami nyerap enerjina ti kasusah batur da kasusah urang mah gampil
ngaekspresikeun na, mung pas dilarapkeun kana bahasa sunda abdi mah sok rada
lieur keneh.

Mangga ieu puisi kanggo kang Tatan, saleresna mah ieu teh puisi nu kantos
dipedar di GL (gangleboy), nalika kang Hendri Mulyana medar puisi ku abdi
diwaler, mung hanjakal abdi milarian puisi mungaran ti kang Hendri teu
kapendak. Manawi aya baraya di GL nu nyimpeun puisi mungaran ti kang HEndri
sateuacan diwaler ku ani.



Reureuh


Reureuh saheulaanan.....
Lir ibarat nuliskeun lengkah hirup
Teu acan aya titik, anging koma nu katitenan

Deudeuh junjunan, naha enya anjeun kelu
Tega ngawawar kecap "ngarengsekeun"
Sanaos kasilep ku pupuh jeung kidung
Ceuk Richard marx "right here waiting"
Sanajan anjeun lunta, kuring didieu keur anjeun

Tong salempang, tong hariwang
Kuring surti tur ngarti kana kaayan urang
Ceuk batur kuring ngan "sephia" 
Tapi saestuna kuring cinta
Nu teu tega ninggali anjeun ngabagi
Kaasih keur kuring jeung manehna
Ieu tanda, yen kaasih hamo lunta

Now, we've to crossed the path...
Anjeun nu nangtukeun koma jeung titikna



Ani Puspita
5 Agustus 2004


-----Original Message-----
From: tantan hermansah [mailto:[EMAIL PROTECTED]
Sent: Tuesday, October 05, 2004 3:02 PM
To: [EMAIL PROTECTED]
Subject: Re: [Urang Sunda] Harewos



waas
maca serat jiwa nu tunggara ku kacinta(?)
siga kembang enjing nu dikeukeupan sarangenge


teuing ketang ah..


--- Ani Puspita <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

> 
> Harewos
> A. Puspita S.
> 
> 
> Daun ceuli katoel ku angin nu ngahiliwir
> Mawa beja, nepikeun kecap ti hiji biwir
> "Hey, neng An Kaifa Halukh..... ?"
> Halimpu tur wibawa ngageterkeun hate nu keur simpe
> Sapuluh liwat tilu puluh peuting, ceuk sakadang jam
> Nu ngawawar kuring basa ngulisik ngintip jarum jam.
> Tiharita aya sesa kecap na jero dada, nu teu wani
> wakca
> "aya naon jeung manehna ?"
> 
> 
> 04 Oktober 2004
> 10.30 Wib
> 
> 
> 
> 



                
_______________________________
Do you Yahoo!?
Declare Yourself - Register online to vote today!
http://vote.yahoo.com



Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links



 




------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Make a clean sweep of pop-up ads. Yahoo! Companion Toolbar.
Now with Pop-Up Blocker. Get it for free!
http://us.click.yahoo.com/L5YrjA/eSIIAA/yQLSAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 

Kirim email ke