Wilujeng Ua sas, mudah-mudahan cing majeng toko bukuna, kanggo 
kapayuna ua ngadamel toko buku online katingalna prospekna sae pisan.

Baktos
ERN
Kuncen #4


--- In [EMAIL PROTECTED], "MSasmita" <[EMAIL PROTECTED]> 
wrote:
> Insya Alloh tinekanan, taun hareup kuring hayang muka kios buku,
> Alhamdulillah ari kiosna mah geus aya, nyewa tilu tauneun, 
tempatna di pasar
> buku Suci.
> Nu bingung teh eusina,... kumaha..?
> Minggu kamari kuring ngahaja ulin ka unggal toko buku, nu 
diteangan teh lain
> bukuna wungkul tapi sabaraha kortingna, geus puguh ari ditoko gede 
mah
> euweuh pisan korting, sanggeus ngabanding-banding nya kuring teh 
balanja ka
> toko Ultimus di Karapitan, buku anu dipilih teh buku-buku 
humaniora, aya
> kana 40 judulna, sanggeus diitung hargana sanggeus dikorting, meh 
kana 800
> rebuna.
> Kuring ngahuleng, 40 buku teh lamun dijejerkeun ngan ukur 40 cm, 
kios teh
> panjangna 3 meter lebarna 2 m, erak buku disusun lima, susun 
kaluhur,
> diitung teh panjangna rak buku aya kana 17 meter, 17m dibagi 40 cm 
= 42.5
> ,dikali 800 rebu,...beu atuh kudu boga duit 38 jutaan kakara kios 
teh rada
> pepek (ceuk pun bojo mah cara ngitung kieu teh rada aneh)
> 
> Kuduna meuli buku keur jualeun deui mah nu jadi itungan teh kira 
kira buku
> naon anu dipikaresep ku anu rek meuli, tapi basa balanja kamari 
mah lain
> kitu, neangan buku teh anu dipikaresep ku kuring (nu rek 
balantik), kieu
> kalakuan teh geus salah ceuk elmu dagang mah, kajeun ah.....buku 
insya alloh
> payu deui, tapi kuring ge seubeuh maca.
> Aya buku anu alus ceuk kuring mah nyaeta bukuna Pa Saini KM, anu 
judulna
> Krisis Kebudayaan (10 esai pilihan), aya artikel anu judulna Agama 
Dan
> Kebudayaan jeung Menjadi Sunda Menjadi Manusia.
> Sigana ieu buku teh lecek manten samemeh payu, da hayeuh we 
dibulak balik,
> malum maca nu daria mah teu beunang ngan ukur sabalikan.
> 
> Poe ieu aya beja, neangan buku jualeun deui mah lain ka toko buku
> atuh....(enya kuring ge nyaho eta teh) tapi ka agen...!!
> di Bandung loba...anu kajojo mah di Jl Karapitan toko buku 
Lucu ....!
> Kuring naghuleng, ngadenge ngarana ge kakara.....mindeng ulin di 
Karapitan
> asa tara ningali toko buku nu ngaranna Lucu...eta teh cenah mah 
agen nu pang
> komplitna. Baruk..?
> Sugan we beuki lila mah beuki kapanggih elmuna balantik buku 
teh..!!
> 
> MSasmita





------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
$9.95 domain names from Yahoo!. Register anything.
http://us.click.yahoo.com/J8kdrA/y20IAA/yQLSAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke