Sababaraha sasih kapungkur emang diajak neda sangu timbel ku Ua Sas dipangumbeanana, anjeuna nyambit nyambit kana perkawis medalkeun buku anu gambar judulna teh kantos diajengkeun (upami teu lepat yasana MJ), duka tah tos dugi ka mana.
Tadi nguping tos tatahar balantik buku, jigana enyaan yeuh si Ua teh soson soson hayang dibantalan buku kulemna teh. Kuring ngarojong ku dunga, sok sanajan can gaduh yuro oge. Sugan ke emang geus pangsiun rek ngalamar nungguan toko si ua, ngadekul maca buku sunda. On Thu, 07 Oct 2004 06:16:34 -0000 "eko107" <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > Wilujeng Ua sas, mudah-mudahan cing majeng toko bukuna, >kanggo > kapayuna ua ngadamel toko buku online katingalna >prospekna sae pisan. > > Baktos > ERN > Kuncen #4 > > > --- In [EMAIL PROTECTED], "MSasmita" ><[EMAIL PROTECTED]> > wrote: > > Insya Alloh tinekanan, taun hareup kuring hayang muka >kios buku, > > Alhamdulillah ari kiosna mah geus aya, nyewa tilu >tauneun, > tempatna di pasar > > buku Suci. > > Nu bingung teh eusina,... kumaha..? > > Minggu kamari kuring ngahaja ulin ka unggal toko buku, >nu > diteangan teh lain > > bukuna wungkul tapi sabaraha kortingna, geus puguh ari >ditoko gede > mah > > euweuh pisan korting, sanggeus ngabanding-banding nya >kuring teh > balanja ka > > toko Ultimus di Karapitan, buku anu dipilih teh >buku-buku > humaniora, aya > > kana 40 judulna, sanggeus diitung hargana sanggeus >dikorting, meh > kana 800 > > rebuna. > > Kuring ngahuleng, 40 buku teh lamun dijejerkeun ngan >ukur 40 cm, > kios teh > > panjangna 3 meter lebarna 2 m, erak buku disusun lima, >susun > kaluhur, > > diitung teh panjangna rak buku aya kana 17 meter, 17m >dibagi 40 cm > = 42.5 > > ,dikali 800 rebu,...beu atuh kudu boga duit 38 jutaan >kakara kios > teh rada > > pepek (ceuk pun bojo mah cara ngitung kieu teh rada >aneh) > > > > Kuduna meuli buku keur jualeun deui mah nu jadi >itungan teh kira > kira buku > > naon anu dipikaresep ku anu rek meuli, tapi basa >balanja kamari > mah lain > > kitu, neangan buku teh anu dipikaresep ku kuring (nu >rek > balantik), kieu > > kalakuan teh geus salah ceuk elmu dagang mah, kajeun >ah.....buku > insya alloh > > payu deui, tapi kuring ge seubeuh maca. > > Aya buku anu alus ceuk kuring mah nyaeta bukuna Pa >Saini KM, anu > judulna > > Krisis Kebudayaan (10 esai pilihan), aya artikel anu >judulna Agama > Dan > > Kebudayaan jeung Menjadi Sunda Menjadi Manusia. > > Sigana ieu buku teh lecek manten samemeh payu, da >hayeuh we > dibulak balik, > > malum maca nu daria mah teu beunang ngan ukur >sabalikan. > > > > Poe ieu aya beja, neangan buku jualeun deui mah lain >ka toko buku > > atuh....(enya kuring ge nyaho eta teh) tapi ka >agen...!! > > di Bandung loba...anu kajojo mah di Jl Karapitan toko >buku > Lucu ....! > > Kuring naghuleng, ngadenge ngarana ge >kakara.....mindeng ulin di > Karapitan > > asa tara ningali toko buku nu ngaranna Lucu...eta teh >cenah mah > agen nu pang > > komplitna. Baruk..? > > Sugan we beuki lila mah beuki kapanggih elmuna >balantik buku > teh..!! > > > > MSasmita > > > > > > Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id > > > > Yahoo! Groups Sponsor ADVERTISEMENT > > Yahoo! Groups Links > To visit your group on the web, go to: > http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ > To unsubscribe from this group, send an email to: > [EMAIL PROTECTED] > Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! >Terms of Service. =========================================================================================== "Gabung INSTANIA, dapatkan XENIA. Daftar di www.telkomnetinstan.com, langsung dapat akses Internet Gratis.. Dan ..ikuti "Instan Smile" berhadiah Xenia,Tour S'pore, Komputer,dll, info hub : TELKOM Jatim 0-800-1-467826 " =========================================================================================== ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> $9.95 domain names from Yahoo!. Register anything. http://us.click.yahoo.com/J8kdrA/y20IAA/yQLSAA/0EHolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

