Assalamualaikum ww Wargi Kusnet sadaya wilujeng wengi Aahaa, arapel meureunnya ka anu masih lalanjangmah heheheh.....
Sikuring di Bukittinggi mah nuju usum tiris yeuh, jadi ngahod-hod wae bari diharudum sarung raosnateh, teu hilap nyanghareupan hawu bari ngopi dibaturan ku kulub hui. Wengi kamari (jumaah wengi) paguyuban sunda didieu kabagean nampilken seni budaya di acara tahunan pedati, alhamdulillah sukses bari diguyur hujan oge.. Mimitinamah rek ngundurkeun diri teu ilu biung diacara pedati etateh kumargi paguyuban sundana nuju pareum..., tapi pas rek dikirim suratna papanggih jeung warga sunda anu di STSI (Tatang R Macan), jadi cenah ntong dibatalkeun urang tampil wae keun sorangan oge sugan urang doger monyet2 atuh ditampilkeun, nu pentingmah masih aya keneh katingali paguyuban sunda didie. Jadina manehna nampilkeun drama tutur, ngahijikeun topeng cirebonan + carita wayang.....alhamdulillah sukses. tadi siang aya riungan oge anu rencanana bade ngarameken deui paguyuban di dieu sakaligus daftar ka pemda, kumargi di kota bukittingg sadayana atos aya 23 paguyuban/perkumpulan, kalebet paguyuban lokal (perntau dalam propinsi sumbar). 22 atos kadfatar ku pemda bkt, ari pws (sunda) teu acan didaftarkeun jadi ayana pws heunteu tercatat, padahl ti taun 70 tos aya paguyuban sunda, tapi nyakitu tea geuning paguyuban teh cenah hirup peh, hirup paeh..... sakantenan upami aya wargi anu terang alamat Paguyuban Pasundan, punten baledogkeun kadieu. salam hendra ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> $9.95 domain names from Yahoo!. Register anything. http://us.click.yahoo.com/J8kdrA/y20IAA/yQLSAA/0EHolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

