Assalamualaikum wr. wb. Allhamdulilah tadi enjing kirang langkung tabuh 7 angkat ti bogor mung tiluan sim kuirng, teh imas+carogena, dugi ka cimalati tabuh 8:30 rada macet sakedik. Sadugina ka cimalati teras nepangan Ibu Euis raina kang edi-korea kaleresan bumina ngarendeng pisan sareng Taman Rekreasi (TR) Cimalati, TR Cimalati kirang langkung 2,5 kilo lebet deui ti jalan raya sukabumi. Saaotosna tepang sareng Ibu Euis teras nepangan pihak manajemen sareng ningalian lokasi kanggo engke ngariung (cafe), Bungalow raoseun lah tempatna mani tiis, dilebet TR Cimalati oge aya kolam renang (naon sundana-tempat ngojay kitu ?) mangga ka baraya bilih resep ngojay mah tong hilap nyandal kolor kanggo ngojay nya he he.....punteh ah bilih rada morno......heureuy sakedik.
Teras di cafe kanggo engke urang ngariung saurna tiasa nampung dugi 100 jalmi teras dilebetna oge aya panggung alit cekap kanggo engke anu maen kacapian sareng tiasa oge kanggo anu bade pidato. Teras bungalow na rupi-rupi tinu sabungalow sakamar dugikeun ka 4 kamar. Ngaler ngidul kuring ngobrol sareng pihak manajemen TR Cimalati sugan tadina mah harga-harga seperti bungalow bisa turun deui da harga bungalow nu di sewa teh harga lebaran cenah he he...naek sigana kirang langkung 35%, tapi keukeuh teu bisa turun deui teras we langsung manjer boh cafe kitu deui bungalowna. Teu hilap sim kuring oge ngawartosan boh engke dina waktosna bade aya bazar alit. Saaotosna manjer teras we ka bumina Ibu euis teu hilap sim kuring oge ningalian tempat kanggo engke tuang siang persisna di payuneun raka kang edi kitu didinya aya lapangan rada lega saurna engke bade di pasang tenda. Kirang langkung jam 9:30 teras we sim kuring uih deui ka bogor dugi ka bogor kirang langkung 11:00 teras we teh imas+carogena ka pamulang, saurna carogena teh imas mah bade teras ka kantor, hatur nuhun teh imas tos nganteur ah. Ka mang siddik sareng kang edi kitu deui ka panitia halal bi halal kanggo perincian biaya engke ku teh imas bade dikintun. Teu hilap ka Teh pupi seksi katuangan, Ibu Euis tos naroskeun kiten-kinten menu naon wae cenah kanggo engke tuang siang di ditu, ke sigana teh imas bade ngontek teh pupi. Teras kanggo kang yayan hapunten dikantun ku abdi kumargi abdi nelepon sababaraha kali teu diangkat wae boh ka hp kitu deui ka bumi malihan mah sateuacan angkat oge ku abdi teh di tlp deui. Waktos akang nga sms abdi tos dugi ka tajur-ciawi, mangga mudah-mudahan ke dina waktosna urang tiasa kempel. Sakitu heula ti sim kuring, hapunten bilih aya kecap atanapi basa anu kirang merenah nyuhunkeun dihapunten mangga pang lereskeun, mangga ah enjing subuh bade teras kalembur insya alloh dinten rebo nembe online deui. Mangga teh imas tambihan bilih aya nu kirang mah. Wassalam, @ERN ===== ----------------------------- http://www.urang-sunda.or.id ----------------------------- _______________________________ Do you Yahoo!? Declare Yourself - Register online to vote today! http://vote.yahoo.com ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> Make a clean sweep of pop-up ads. Yahoo! Companion Toolbar. Now with Pop-Up Blocker. Get it for free! http://us.click.yahoo.com/L5YrjA/eSIIAA/yQLSAA/0EHolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

