kang eko
upami tiasa abdi nyuhunkeun informasi,
upami naek angkutan umum, kedah ngangge naon sareng dimana turunna
nuhun

baktos
surya
----- Original Message ----- 
From: "E_Ruska_Nugraha" <[EMAIL PROTECTED]>
To: <[EMAIL PROTECTED]>
Sent: Sunday, October 10, 2004 5:02 AM
Subject: [Urang Sunda] Survey Cimalati


> 
> Assalamualaikum wr. wb.
> 
> Allhamdulilah tadi enjing kirang langkung tabuh 7
> angkat ti bogor mung tiluan sim kuirng, teh
> imas+carogena, dugi ka cimalati tabuh 8:30 rada macet
> sakedik. Sadugina ka cimalati teras nepangan Ibu Euis
> raina kang edi-korea kaleresan bumina ngarendeng pisan
> sareng Taman Rekreasi (TR) Cimalati,  TR Cimalati
> kirang langkung 2,5 kilo lebet deui ti jalan raya
> sukabumi. Saaotosna tepang sareng Ibu Euis teras
> nepangan pihak manajemen sareng ningalian lokasi
> kanggo engke ngariung (cafe), Bungalow raoseun lah
> tempatna mani tiis, dilebet TR Cimalati oge aya kolam
> renang (naon sundana-tempat ngojay kitu ?) mangga ka
> baraya bilih resep ngojay mah tong hilap nyandal kolor
> kanggo ngojay nya he he.....punteh ah bilih rada
> morno......heureuy sakedik.
> 
> Teras di cafe kanggo engke urang ngariung saurna tiasa
> nampung dugi 100 jalmi teras dilebetna oge aya
> panggung alit cekap kanggo engke anu maen kacapian
> sareng tiasa oge kanggo anu bade pidato. Teras
> bungalow na rupi-rupi tinu sabungalow sakamar dugikeun
> ka 4 kamar. Ngaler ngidul kuring ngobrol sareng pihak
> manajemen TR Cimalati sugan tadina mah harga-harga
> seperti bungalow bisa turun deui da harga bungalow nu
> di sewa teh harga lebaran cenah he he...naek sigana
> kirang langkung 35%, tapi keukeuh teu bisa turun deui
> teras we langsung manjer boh cafe kitu deui
> bungalowna. Teu hilap sim kuring oge ngawartosan boh
> engke dina waktosna bade aya bazar alit.
> 
> Saaotosna manjer teras we ka bumina Ibu euis teu hilap
> sim kuring oge ningalian tempat kanggo engke tuang
> siang persisna di payuneun raka kang edi kitu didinya
> aya lapangan rada lega saurna engke bade di pasang
> tenda.  Kirang langkung jam 9:30 teras we sim kuring
> uih deui ka bogor dugi ka bogor kirang langkung 11:00
> teras we teh imas+carogena ka pamulang, saurna
> carogena teh imas mah bade teras ka kantor, hatur
> nuhun teh imas tos nganteur ah.
> 
> Ka mang siddik sareng kang edi kitu deui ka panitia
> halal bi halal kanggo perincian biaya engke ku teh
> imas bade dikintun.
> Teu hilap ka Teh pupi seksi katuangan, Ibu Euis tos
> naroskeun kiten-kinten menu naon wae cenah kanggo
> engke tuang siang di ditu, ke sigana teh imas bade
> ngontek teh pupi.
> 
> Teras kanggo kang yayan hapunten dikantun ku abdi
> kumargi abdi nelepon sababaraha kali teu diangkat wae
> boh ka hp kitu deui ka bumi malihan mah sateuacan
> angkat oge ku abdi teh di tlp deui. Waktos akang nga
> sms abdi tos dugi ka tajur-ciawi,  mangga
> mudah-mudahan ke dina waktosna urang tiasa kempel.
> 
> Sakitu heula ti sim kuring, hapunten bilih aya  kecap
> atanapi basa anu kirang merenah nyuhunkeun dihapunten
> mangga pang lereskeun, mangga ah enjing subuh bade
> teras kalembur insya alloh dinten rebo nembe online
> deui. 
> 
> Mangga teh imas tambihan bilih aya nu kirang mah.
> 
> Wassalam,
> @ERN
> 
> =====
> -----------------------------
> http://www.urang-sunda.or.id
> -----------------------------
> 
> 
> 
> _______________________________
> Do you Yahoo!?
> Declare Yourself - Register online to vote today!
> http://vote.yahoo.com
> 
> 
> 
> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
>  
> Yahoo! Groups Links
> 
> 
> 
>  
> 
> 
> 




------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Make a clean sweep of pop-up ads. Yahoo! Companion Toolbar.
Now with Pop-Up Blocker. Get it for free!
http://us.click.yahoo.com/L5YrjA/eSIIAA/yQLSAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke