Awal/Akhir Romadhon 1425 H.

 

Para wargi, wilujeng saaya-aya ���� aha aha aha !

Sakedap deui urang baris ngeureuyeuh ibadah shaum Romadhon taun 1425 Hijriyah sasasih campleng. Urang sadaya pada uninga, yen lamina sasasih campleng teh tiasa janten 30 dinten, tiasa oge 29 dinten. Nanging rupina, teu sadayana uninga, sabaraha dinten ari sasih shaum taun ieu ? Naha 29 dinten atanapi 30 dinten ? Tah kumargi kitu, dina ieu kasempetan sim kuring rek api-api terang, lajeng maparin warti ka para wargi, wireh lamina sasih shaum taun ieu, teu langkung ti 29 dinten. Eta teh dumasar kana �posisi� bulan (hasil etangan tea). Nanging sok sanaos kitu, katingalna boboran siam taun ieu teh baris teu sareng deui wae, nyaeta baris aya anu dinten Saptu (13-11-2004), oge baris aya anu dinten Minggu (14-11-2004) sok sanaos ngawitanana mah katingalna bakal rampak sanagara, nyaeta dinten Jumaah/Kaliwon ping 15 Oktober 2004. Bilih palay uninga kamandang anu sanesna, kieu geura :

1.     Ngawitan Shaum Romadhon taun 1425 H. : dinten Jumaah (15 Oktober 2004).

  1. Numutkeun etangan sim kuring, sasih Sya�ban 1425 H. bakal  tamat  lalakonna  dina  dinten  Kemis (14-10-2004) 4 jam 10 menit 43 detik saba�da surupna panon poe. Ngandung hartos, 1 Romadhon 1425 H. : Jumaah/Kliwon (15-10-2004).
  2. Numutkeun Kalender Jawa (anu ageung pangaruhna di ieu nagri), Kaping 1 Pasa 1937 (taun ieu), sasarengan sareng kaping 15 Oktober 2004 (dinten Jumaah/Kliwon).
  3. Numutkeun Dr. Monzur Akhmed (Astronom Timur Tengah) dina Program MoonCalc version 5.1, sasih Sya�ban 1425 H. (di wilayah Jakarta) bakal tamat lalakonna dina dinten Kemis (14-10-2004) jam 18 : 20 : 17 WIB. Ngandung hartos, ngawitan Shaum dinten Jumaah/Kliwon (15-10-2004).

2.     Iedul Fitri 1 Syawal 1425 H. : dinten Saptu atanapi dinten Minggu (13 atanapi 14 Oktober 2004).

  1. Numutkeun etangan sim kuring, sasih Romadhon 1425 bakal tamat lalakonna dina dinten Juma�ah (13-11-2004), 1 jam 5 menit 7 detik sateuacan panonpoe manceran. Ngandung hartos, 1 Syawal 1425 H. : Saptu/Wage (13-11-2004).
  2. Numutkeun Kalender Jawa (anu ageing pangaruhna di ieu nagri) Kaping 1 Sawal 1937 (taun ieu), sasarengan sareng kaping 14-11-2004 (dinten Minggu/Kliwon).
  3. Numutkeun Dr. Monzur Akhmed (Astronom Timur Tengah) dina Program MoonCalc version 5.1, sasih Romadhon 1425 (di wilayah Jakarta) bakal tamat lalakonna dina dinten Saptu (13-11-2004) jam 05 : 20 : 17 WIB. Ngandung hartos, 1 Syawal 1425 H. : Saptu/Wage (13-11-2004).

Kumaha atuh kacindekanana ?  Pastina mah nyanggakeun ka para wargi sadaya numutkeun kana kayakinan sewang-sewang. Anu penting urang kagungan cepengan yen lamina sasasih anu saleresna, sanes 29 dinten oge sanes 30 dinten, tapi 29,530659722 dinten anu dina �prakna� kedah ditembrakkeun ku angka anu buleud, nyaeta 29 dinten atanapi 30 dinten da kapan teu aya shaum satengah dinten kajabi shaum kang Kandar (basa inyana budak keneh). Anapon sasih nu mana anu kedah ditembrakkeun 29 dinten atanapi sasih nu mana anu kedah ditembrakkeun 30 dinten, tinimbanganana teh waktos, nyaeta wayah naon seepna sasih anu dimaksad. Kapan nyaeta, seepna sasih anu kahiji sareng seepna sasih anu kadua sareng saterasna teh behna mah ancal-ancalan alias teu angger, henteu matuh dina unggal-unggal jam sakitu. Wallahu Alam !

Mung sakitu nu kapihatur, mudah-mudahan aya guna-mangpaatna. Amin.

Salajengna, sumangga urang sami-sami tatan-tatan geusan ningkatkeun amal-ibadah urang sangkan urang sadaya kalebet golongan jalmi-jalmi anu taqwa. Aamiin.

 

Baktos,

Kang Dien


Do you Yahoo!?
vote.yahoo.com - Register online to vote today!

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id



Yahoo! Groups Sponsor
ADVERTISEMENT
click here


Yahoo! Groups Links

Kirim email ke