Wilujeng enjing para wargi, wilujeng ngalakonan ibadah shaum !

 

Ampir sarimbag jeung heueuh-heueuh bueuk, tapi sumuhun dawuh mah aya leuwihna, nyaeta bari jeung prakna. Kawasna bakal leuwih �kabaca� mun dibuka jeung contona. Kieu, geura :

Ieu conto teh meunang nyutat tina carita jaman baheula. Duka kumaha mimitina, da ujug-ujug kacarita Ki Jibja keur nyembah depa di payuneun Kang Jeng Dalem bari rebo ku barang seba, jeruk jepun satelebug ! Naon eta teh Jibja ! Kitu tumanyana Kang Jeng Dalem. Sumuhun dawuh kaulanun, jeruk ! Amis Jibja ? Sumuhun dawuh, amis ! Cing ku kula reka dicoba ! Sumuhun dawuh, mangga ! Geuning haseum Jibja ! Sumuhun dawuh, haseum ! Jibja ! Sumuhun dawuh, kulan ! Hayang dicabok sia ku aing ? Sumuhun dawuh, hoyong ! Yap atuh, kadieu sing deukeut Jibja ! Sumuhun dawuh, mangga ! Caritana Ki Jibja teh ngarayap depa, ngeudeukeutan Kang Jeng Dalem. Barang cengkat, Kang Jeng Dalem geus ngaheumbat. Heat, gapruk ! Dampal panangan Kang Jeng Dalem tumiba, pas pisan meneran puhu ceuli Ki Jibja. Dayagdag ! �. daligdeug ! Ki Jibja ngadayagday terus oleng dadaligdeugan. Kumaha Jibja ? Sumuhun dawuh ����� ngan sakitu walon Ki Jibja. Sumuhun dawuh kumaha tea, Jibja ? Ki Jibja teu disada. Sihoreng simanahoreng Ki Jibja teh geuning ngajoprak ���� kapiuhan !

Kumaha atuh ari tos kitu ? Mangga teh teuing, nyanggakeun ka para wargi !

 

Salam,

Kang Dien


Do you Yahoo!?
Yahoo! Mail - Helps protect you from nasty viruses.

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id



Yahoo! Groups Sponsor
ADVERTISEMENT
click here


Yahoo! Groups Links

Kirim email ke