Para wargi,

Dadasar budaya, nyaeta geusan ngaraketkeun diri jeung sasama, pikeun Ki Sunda, nyata kacida kuatna. Buktina kudu pisan matak genah, matak betah hate batur, ulah pisan kumawani nyigeung lelembutna, ulah pisan matak kuciwa pangrasana. Nya ku kituna, ucap-lampah-paripolah sapuratina, estuning geusan ngamulyakeun batur, dugi ka poho kana saringan. Da nyaeta tea, ngutamakeun bungah manahna, sangkan lungsur tresna-asihna, sangkan ulah dipikangewa, najan teu ngarti, mairan mah kudu keukeuh teu weleh heueuh :  sumuhun, leres, yaktos, kantenan, sae pisan, ��...��... naon deui boa !

Naha bet kitu peta ? Kieu alesanana :

a.      Mun teu ngawaro, bakalna teh dianggapna api lain, teu malire !

b.     Mun tumanya, leuheung basa mun dianggap alewoh, kumaha lamun disebut cerewed !

c.      Mun ngahulag, ambuing tada teuing ����.... ongkoh deui can tangtu dianggap ngarti !

Pamustunganana, nya kapan heueuh ceuk uing oge, mending heueuh jeung heueuh bae sok sanajan ceuk hate mah beda deui. Ngarah naon ? Ih, kapan nyaeta ngarah atoheun tea, sangkan inyana resepeun ka urang, sangkan inyana ngaku baraya ka urang. Ari geus resepeun mah, ari geus ngaku baraya mah, nya sugan weeeeeee ��� aya meureun kaingetanana !

Cing kumaha jadina mun �diskusi� kongres cimalati make prinsip nu kieu patut !

Mangga nyanggakeun !

 

Salam,

Kang Dien


Do you Yahoo!?
vote.yahoo.com - Register online to vote today!

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id



Yahoo! Groups Sponsor
ADVERTISEMENT
click here


Yahoo! Groups Links

Kirim email ke