Abi mah sok cinutrung we di loteng, melongkeun tukang bajigur jeung 
tukang cireng.. tos adan... nembe tibuburanjat ka handap..

~ipup~
(inget keur jaman SD di Garut)


--- In [EMAIL PROTECTED], Dhanny Kurnia <[EMAIL PROTECTED]> 
wrote:
> Keur leutik mah mun ngabuburit teh sok maca naon bae nu bisa 
dibaca, ti mimiti koran PR nu make lambang Mang Ohle, Mangle, majalah 
Kuncung, buku-buku kagungan Bapa, nepi ka KUHP oge teu weleh dibaca, 
kusabab sanajan enya budak lalaki sajati oge tileuleutik kuring mah 
teu boga karesep kana kaulinan nu ilahar dipigawe ku barudak saperti 
ngadu kaleci, langlayangan, nyieun lodong keur karbit, atawa menbal , 
tug tepi ka ayeuna oge teu bisa ngapungkeun langlayangan kuring mah.
> Ari pangresepna maca nyaeta maca buku carita karangan Karl May, 
utamana Winnetou anu fenomenal tea, atawa maca cerpen dina Mangle 
karangan Holisoh M.E nu sok nyaritakeun kajadian sapopoe di 
pilemburan . 
> Ayeuna mah mun ningali barudak umur 7-10 taunan ngabuburit teh, mun 
heunteu di Mall nya dina payuneun Play Station...
> Isukan mung kuring geus kolot, kumaha nya cara barudak ngabuburit






------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Make a clean sweep of pop-up ads. Yahoo! Companion Toolbar.
Now with Pop-Up Blocker. Get it for free!
http://us.click.yahoo.com/L5YrjA/eSIIAA/yQLSAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke