Keur leutik mah mun ngabuburit teh sok maca naon bae nu bisa dibaca, ti mimiti koran PR nu make lambang Mang Ohle, Mangle, majalah Kuncung, buku-buku kagungan Bapa, nepi ka KUHP oge teu weleh dibaca, kusabab sanajan enya budak lalaki sajati oge tileuleutik kuring mah teu boga karesep kana kaulinan nu ilahar dipigawe ku barudak saperti ngadu kaleci, langlayangan, nyieun lodong keur karbit, atawa menbal , tug tepi ka ayeuna oge teu bisa ngapungkeun langlayangan kuring mah.
Ari pangresepna maca nyaeta maca buku carita karangan Karl May, utamana Winnetou anu fenomenal tea, atawa maca cerpen dina Mangle karangan Holisoh M.E nu sok nyaritakeun kajadian sapopoe di pilemburan .
Ayeuna mah mun ningali barudak umur 7-10 taunan ngabuburit teh, mun heunteu di Mall nya dina payuneun Play Station...
Isukan mung kuring geus kolot, kumaha nya cara barudak ngabuburit


Yahoo! Messenger - Communicate instantly..."Ping" your friends today! Download Messenger Now

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id



Yahoo! Groups Sponsor
ADVERTISEMENT
click here


Yahoo! Groups Links

Kirim email ke