Assalamu'alaikum..

Punten Kang Hendra ngiring mairan...:)
Kapungkur jaman keur budak sok pirajeuneun maos dongeng-dongeng 
menak baheula. Sakaemut abdi mah memang istilah Gubernur teh sok 
seueur nu nyerat Gupernur. Duka tah leres henteuna mah nyerat 
Gubernur dina bahasa Sunda teh kitu. Mung sakaterang abdi mah kecap 
Gubernur teh mangrupi kecap serapan tina bhs asing (Governor). Nya 
panginten teu lepat-lepat teuing upami Governor diserat Gupernur 
(punten ka ahli bahasa di Kusnet panglereskeun pami abdi lepat).  
Kapungkur waktos diajar bs. Sunda di SMP pami teu lepat mah aya 
pelajaran perkawis bahasa serapan tina bhs asing.

Atuh eta perkawis pabeulit ngalafalkeun f, v sareng p mah panginten 
gumantung kana kabiasaan ngejah huruf. Da geuningan teu sadaya urang 
Sunda kitu. Alhamdulillah sim kuring mah lancar-lancar wae nyebat f, 
v sareng p teh he..he..he.. 

Punten bilih aya nu teu sapamadegan.

Hatur nuhun,
Wassalam
Gilang di Sapporo



--- In [EMAIL PROTECTED], Hendra Hermawan 
<[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> muhun kasang tukangna mah eta
> upami teu dibiasakeun ngucap kecap nu asalna ti basa deungeun
> kalayan leres (teu dilogat sundakeun) .. janten harese ngucap nu
> leres engkena.
> 
> da nyobian ngaos kalimah2 bahasa nu aya f, v, p, q, k .. komo
> dina hiji kecap ngarumpul huruf2 eta mah .. duh meni cape, da
> eta teu dibiasakeun ti tadina, baheulana kalahka resep (bangga)
> ari aya nu nyebatkeun:
> ".. ah si hendra kan orang sunda ga bisa bilang pvc fanta vespa
> dengan benar .. semua pake p".
> 
> tah pas tadi enjing2 ningal nu nyerat "gupernur" asa kaemutan.
> 
> cigana mah sae upami ka murangkalih urang dibiasakeun ngecap nu
> leres .. ulah kajongjonan sagalana dilogat sundakeun .. ke bilih
> janten siga abdi .. ngucap bahasa inggris teh meni balelol komo
> bahasa perancis mah.
> 






------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
$9.95 domain names from Yahoo!. Register anything.
http://us.click.yahoo.com/J8kdrA/y20IAA/yQLSAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke