Assalamu'alaikum...

Sok sanaos hereuy, mung aya oge anu leres dina seratan
ngeunaan daging eta tea (tah kuring ayeuna rek mairan
perkawis per-daging-an yeuh meungpeung shaum..) 
Ceuk ceunah daging anu pangraosna jeung pangawisna
saalamdunya teh nyaeta daging sapi anu asalna ti
Matsusaka-Jepang. Wewengkon dinya teh katelah minangka
daerah pengekspor daging di nagara jepang.
Naha atuh kasohor pisan eta daging anu ti wewengkon
Matsusaka teh?
Ceunah mah sarapi (kecap majemuk kanggo sapi
panginten) didinya teh memeh dipeuncit dibere
kahirupan anu ngarenaheun pisan. Sok we geura eta
sarapi ceunah mah diparencetan warugana unggal dinten
ku nu gaduhna. Eueut na oge osok dipasihan sake,
meureun supados henteu stress panginten. Janten eta
sarapi teh bener-bener salse pikiran jeung fisikna.
Atuh parabna oge ceunah mah khusus, teuing naon kuring
teu patos terang. Mung anu tangtos mah parabna sanes
daging sapi panginten (ma enya "Sapi makan Sapi"...)
Tah pangaos daging sapi Matsusaka lamun di rupiahkeun
teh aya kana 700 rebuan sakilo. 
Kungsi baheula si kuring nyimpang ka Matsusaka, nya
maksakeun bae ngasaan eta daging sapi, sok sanaos awis
oge meungpeung aya anu pang mayarkeun. Dicobaan teh
mimiti tinu diolah ku cara shabu-shabu (rebus) dugi ka
yakiniku (dipanggang). Memang rarasaaan teh benten
pisan henteu jiga daging biasa di nagara urang. Meni
hipu pisan jeung taya ototna (serat daging). Uhun jiga
roti rasa daging lamun diurang mah meureun...
  
Cag ah, jadi ngacapruk kana barang tuang sagala keur
shaum teh....

baktos akos

> Karena kekuatan beraktivitas lebih banyak
> menggunakan paha kanannya;
> sehingga serat-serat ototnya lebih kuat dan kaku
> akibatnya, banyak
> protein dan sumber gizi lainnya lebih banyak
> terserap di paha kanan.
> Sehingga tentu saja paha kiri jauh lebih empuk
> dan bergizi tinggi. Makanya kalo ke restoran,
 
> ditimpuk-timpuk anak kecil). Makanya kalo pelihara
> ayam biar dagingnya
> enak dan gurih serta tidak liat harus dipelihara
> baik. Saatnya dia makan
> yaaa dilepas, saatnya harus tidur yaaa dikurung,
> jangan sampe dia jadi
> stres karena dikejar-kejar. Kalo ayam terlalu banyak
> kena stres, terlalu
> banyak dikejar-kejar ditimpuk batu karena bikin
> kotor rumah tetangga,
> otot-ototnya jadi besar (hipertrofi), energi banyak
> terkuras, akibatnya
> kalo di makan jadi liat dan tidak gurih; lain dengan



                
_______________________________
Do you Yahoo!?
Declare Yourself - Register online to vote today!
http://vote.yahoo.com


------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
$9.95 domain names from Yahoo!. Register anything.
http://us.click.yahoo.com/J8kdrA/y20IAA/yQLSAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke