Baheula jaman keur kost di Bandung, ari rek sahur teh kudu balanja heula ka warung makan, kusabab sok teu p make purun antrina ari ka warung makan geus deukeut waktu Imsyak mah, nya meuli kadaharan teh sok jam 2 an, tapi ari sahur na angger we jam satengah opat, supados langkung afdol kapan cenah.
Hiji waktu pesak teh keur rada kandeul, jadi balanja oge rada munel, lauk hayam digoreng garing make surawung, sambel goreng kentang, emping, lalab, teh botol tilu botol, jeung cau ambon dua siki. Geus kabayang bakal nikmat sahur teh, barang datang ti warung makan kuring gogolehean heula hareupeun TV da can jam satengah opat tea, menu sahur spesial mah digolerkeun dina tunjangeun.
Teu karasa panon peureum mani pageuh, ari bray beunta jam dina luhureun TV geus nunjukeun wanci satengah genep isuk-isuk, teu ngorejat teu reuwas..kuring ukur ngareret kana dahareun nu aya dina tunjangeun, gerentes na jero hate " Untung tadi peuting keur taraweh geus niat puasa keur poe ieu, teu sahur oge teu nanaon ".
Tepi ka ayeuna moal poho kana eta kajadian , ngan nu can jelas pisan, harita kuring duka ikhlas duka heunteu mangsa miceun menu sahur kana wadah runtah.


Yahoo! Messenger - Communicate instantly..."Ping" your friends today! Download Messenger Now

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id



Yahoo! Groups Sponsor
ADVERTISEMENT
click here


Yahoo! Groups Links

Kirim email ke