Alhamdulillah akang2, abdimah gaduh ibu kost teh perhatian pisan. Sahur disayagikeun. Diketrokan kamar hiji-hiji.Dugikeun sadayana anu saum kempel nembe anjeuna lungsur.
kabayansabakanada <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
kabayansabakanada <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
walah kang .. kaalaman ku kuring dinten ieu.
wengina tos masak sosin sareng pecay, tos ngocok endog dibumbuan
bade didadar .. sangu kantun ngahaneutkeun.
jam 10 wengi teh .. ah urang rada gancangan sare teh meh tas subuh
teu tunduh ... lilir teh jam 3 langkung sakedik ... ah ke heula ah
sakerejep deui ... naa ari beunta deui jam 6 .. hhhhh.
cobian nahan dugi lohor .. teu kiat deui ... tuang weh ahirna mah.
da ti enjing keneh sugestina teh moal kuat-moal kuat .. jaba usum
tiris kieu, nyaan weh jam 12 teh celebek kana donat.
-hendra-
--- In [EMAIL PROTECTED], Dhanny Kurnia <[EMAIL PROTECTED]>
wrote:
> Baheula jaman keur kost di Bandung, ari rek sahur teh kudu balanja
heula ka warung makan, kusabab sok teu p make purun antrina ari ka
warung makan geus deukeut waktu Imsyak mah, nya meuli kadaharan teh
sok jam 2 an, tapi ari sahur na angger we jam satengah opat, supados
langkung afdol kapan cenah.
> Hiji waktu pesak teh keur rada kandeul, jadi balanja oge rada
munel, lauk hayam digoreng garing make surawung, sambel goreng
kentang, emping, lalab, teh botol tilu botol, jeung cau ambon dua
siki. Geus kabayang bakal nikmat sahur teh, barang datang ti warung
makan kuring gogolehean heula hareupeun TV da can jam satengah opat
tea, menu sahur spesial mah digolerkeun dina tunjangeun.
> Teu karasa panon peureum mani pageuh, ari bray beunta jam dina
luhureun TV geus nunjukeun wanci satengah genep isuk-isuk, teu
ngorejat teu reuwas..kuring ukur ngareret kana dahareun nu aya dina
tunjangeun, gerentes na jero hate " Untung tadi peuting keur taraweh
geus niat puasa keur poe ieu, teu sahur oge teu nanaon ".
> Tepi ka ayeuna moal poho kana eta kajadian , ngan nu can jelas
pisan, harita kuring duka ikhlas duka heunteu mangsa miceun menu
sahur kana wadah runtah.
>
>
> ---------------------------------
> Yahoo! Messenger - Communicate instantly..."Ping" your friends
today! Download Messenger Now
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
Do you Yahoo!?
Take Yahoo! Mail with you! Get it on your mobile phone.
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
| Yahoo! Groups Sponsor | |
|
|
Yahoo! Groups Links
- To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

