Haturan para wargi sadaya, 

Bagea ka sadayana, lebet kana sasih anu diagungkeun, dimuliakeun, 
dipihormat sareng diutamakeun ku Alloh SWT ti sasih-sasih sanesna. 
Sasih ani dilebetna urang diwajibkeun ngalaksanakeun ibadaha shaum. 
Sasih eta teh -urang sadaya parantos maklum-sasih ramadhan tea anu 
dilebetna Gusti Alloh (parantos) nurunkeun Al-Qur'an anu jadi 
pituduh pikeun (masyarakat) manusa, katerangan ngeunaan pituduh 
sareng pamisah (anu ngabedakeun; Al-Furqon). Sareng parantos 
ngajadikeun (nangtukeun) Gusti Alloh dina tiap-tiap sasih eta ayana 
wengian katangtuan (lailatu al-qadr), sareng parantos ngajadikeun 
(nangtukeun) eta wengi teh leuwih alus tinimbang sarebu sasih. 

Pamugi sadaya aya dina kakiatan enggoning ngalaksanakeun kawajiban 
sareng ibadah anu mulia, latihan emotional quality (EQ) tea. Nun 
Gusti anu ngagaduhan pangleler sareng teu aya anu tiasa ngaleleran 
ka Anjeun-Na, mugi Gusti ngaleleran ka abdi sadaya ku pangbebas tina 
panasna adzab (siksa) naraka (karana laku lampah mengpar abdi 
sadaya) sareng mugi Gusti ngalebetkeun abdi sadaya ku welas asih 
Gusti kana jero surga (kanikmatan anu teu tiasa digambarkeun), nun 
Gusti Anu Maha Welas tur Maha Asih. Amin. 

Para wargi sadaya, khususon ka Kang MRachmat Rawyani,

Satadina mah bade ngadepong bae salami sasih ramadhan teh, jalaran 
rumaos geuningan nembe ngalaksanakeun shaum sarupi nahan leueut 
sareng neda oge parantos sakieu abotna. Namung, emut ka piwuruk 
sepuh, yen saurna, kanu naroskeun mah, sakadugana, sakamampuna, kudu 
diwalonan kalawan kasabaran, keur kumaha bae oge kaayaan urang. Ieu 
Kang Rachmat (mugi Alloh ngaleleran welas asih ka salira) 
nataroskeun, oge patarosan na sanes patarosan jore-jore: ngeunaan 
strategi kabudayaan tea.

Kang, sim kuring aya bae di kantor salami heunteu aktif (ari 
ngalongokan mah heunteu katinggaleun, unggal dinten mariosan posting-
posting di ieu milist kameumeut urang), kalan pulang anting Bandung-
Jakarta. Nyakitu Kang, sasih-sasih katompernakeun ieu raraosan asa 
pakepuk. Kahijina, garapan maneuh di kantor tos nincak kana mangsa 
pamariosan sareng nyusun program pikeun tahun hareup. Kukituna, anu 
kapapancenan "tukang ngumbah jeung nyadian piring tilas tuang leueut 
di kantor-kantor pamarentahan" (babasan ieu oge nyoko kana kawijakan 
pamarentah salila ieu anu geus jadi budaya anu nyangsarakeun 
sabagean pagawe pamarentahan, ropeaneun), teu wudu rada tihothat. 

Kaduana, kagiatan di luar oge lumayan matak nyibukkeun maneh. 
Diantaranan, gawe bareng sareng Bapeda Jabar-sok sanaos ti pihak itu 
kairongna masih kauger ko pola anggaran pangwangunan dumasar 
kaproyekan-ngeunaan rencana pangwangunan kabudayaan Tatar Sunda 
masih lumangsung. Kagiatan tahun ieu parantos nincak kana 
rarancang "akselerasi" pangwangunan budaya, khususna widang 
humaniora. Kapayun, upama kaparengkeun, aya ingetan hoyong nitenan 
karakter ciri budaya masing-masing daerah (kabupaten/kota) di Jabar 
pikeun ngaringkelkeun naon anu disebat "karakter otonomi daerah". 
Engkena ieu karakter otonomi daerah teh tiasa jadi bahan 
nyusun "perencanaan stratejik" masing-masing daerah anu salami ieu 
ukur dugi ka visi jeung misi, kitu oge diringkeulkeunna teh estuning 
ukur "efiora" sareng pikeun nyumponan pangubutuh saharitaeun bae.

Atuh anu sanesna, lebet 3 sasih kapengker sim kuring ngabantosan 
ngedit Program Budaya Prestasi. Ieu program teh minangkana mah 
alternatif program pangwangunan nasional versi Kang Idrus (salaku 
nara sumber sareng anu nyumbang jejer/"gagasan" pangseueurna). 
Pamianganna tina budaya, khususna moral Trisula windu tea (jujur, 
cerdas, jeung wani) anu jadi "spirit" satiap program pikeun 
ngarengsekeun satiap masalah pangwangunan. Alhamdulillah, ieu 
program anu kandelna aya kana 60 kaca parantos dugi ka lingkungan 
pihak anu ayeuna kenging kasempetan ngadeg jadi pangangung 
pamarenatahan. Oge, dina waktu anu caket, ieu program budaya 
prestasi aya rarancang bade diseminarkeun di tingkat nasional.

Kagiatan sanesna mah nyoko kana cita-cita hoyong gaduh sumber 
kahirupan anu "mandiri" heunteu gumantung ka sasaha. Nya 
sarupi "bisnis owner" model MLM tea. Anu jadi kasang tukang paniatan 
mah teu aya sanes, sok sanaos gaduh cita-cita sakumaha luhurna 
sareng saena, namung ari teu gaduh "kabebasan finansial" mah moal 
mucekil proses sareng hasilna teh. Bade ngiringan member abdi Kang? 
hehehe, heureuy bae patarosan eta mah. Namung bilih dina hal ieu aya 
kereteg kapanasaran mah, mangga bae ngajapri.  

Rupina sakitu bae heula anu tiasa kapihatur, bilih panjang teuing 
Insya Alloh kapayun, manawi pareng, urang sambung deui ku mairan 
ngeunaan "strategi pangwangunan budaya" tea. 

Baktosna,
manAR 
--- In [EMAIL PROTECTED], MRachmat Rawyani 
<[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> Ari ceuk kuring mah, kudu dirumuskeun deui anu jelas
> strategi kebudayaan pikeun masyarakat/Propinsi Jawa
> Barat/Banten, jeung kumaha cara nurunkeunana kana
> "berbagai" program anu gampil ditarima ku masarakat.
> Baheula Kang Kang Oman (Mama Manar) gawe bareng jeung
> BAPPEDA ngusulkeun ka Gubernur Jawa Barat kumaha cara
> ngabangun jawa Barat.
> 
> Punten ah! neda tawakup, bilih cariosan kuring di
> luhur teu nyambung. Si kuring masih "terobsesi" ku
> strategi kabudayaan, anu kapungkur dipadungdengkeun
> sareng Kang Oman.
> Kamana yeuh Kang Oman?
> 
> mrachmatrawyani
> 
> 
> --- Iwan H <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> 
> > Nyuhunkeun tanggapanna kana seratan dihandap ieu
> > 
> > Dari Republika, 20 Oktober 2004
> > 
> 
> 
> 
>               
> __________________________________
> Do you Yahoo!?
> Yahoo! Mail Address AutoComplete - You start. We finish.
> http://promotions.yahoo.com/new_mail





------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
$9.95 domain names from Yahoo!. Register anything.
http://us.click.yahoo.com/J8kdrA/y20IAA/yQLSAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke