Teu kahaja bieu teh, babarengan jeung kawawuhan karek 3 poe ka tukang panggih, di sela-sela tetelepek nanyakeun soal keusik anu ngandung beusi (jeung Titanium), kabeungharan Jawa Barat bagean kidul, bet ngadon der manehna ngadongengkeun moro beurit di kota Bandung anu keur meujeuhna rame ayeuna-ayeuna ieu. Mokaha ngobrol teh tepi ka pasoalan utamana, yen akhir-akhir ieu beurit (ti mimiti "mouse" nepi ka "Rat") di kota Bandung geus pohara matak pikamelangeunna. "Penduduk" beurit di ibukota Tatar Sunda ieu geus loba kacida, bisa jadi kaasup "over popullation", khususna di tempat- tempat tinangtu, saperti pasar, tempat runtah, jeung paimahan.
Manehna nyaritakeun, yen ayeuna cenah aya hobby anyar pikeun anu baheula resep moro ku cara ngabedil, kayaning moro manuk atawa sabangsa sasatoan poroan sejena, make senapa angin. Manuk geus mimiti nungtutatan laleungitan, pon kitu deui sarupa careuh atawa peucang, ayeuna geus hese, dalah di tempat saperti Pameungpeuk anu leuweungna baheula kawentar loba sasatoan poroeun. Tapi, ulah hariwang, cenah, pikeun anu resep bebedilan moro sasatoan, ayeuna aya kaulinan anyar anu teu eleh matak narik, malah tempatna ieu mah di kota lain di leuweung: moro beurit peuting-peuting, make senapan angin, alias ngabedilan beurit kota, khususna di Kota Bandung. Geus ampir 3 bulan cenah ieu hobby moro beurit peuting-peuting lumansung di kota Bandung. Malah sacara lisan, ieu kagiatan teh geus meunang restu ti walikota Bandung sagala. Sigana Pa Walikota Bandung oge geus taak ku pangrewong kota, sakadang beurit, anu beuki dieu asa tambah loba jeung ngajarah kaditu kadieu. Malah dina waktu anu deukeut baris aya pasanggiri newak atawa maehan beurit, ku cara kumaha bae, di Kota Bandung. Snya cenah siga pasanggiri nguseup, aya hadiah sagala pikeun anu bisa maehan/newak beurit panglobana atawa panggedena. Naha siga kumaha atuh mesatna populasi beurit di kota Bandung teh? Teu acan anu ngajelaskeun, ngan carita pangalaman manehna salila ieu moro beurit sigana bisa mere gambaran. Manehna nyaritakeun, beurit (rat) panggedena di kota Bandung anu geus hasil kabedil teh gedena sagede kilinci (kelinci, saluhureun marmot) atawa leuwih gede ti ucing. "Mani reuwas, da ningal abrug- abrugan awakna basa mimiti keuna ku pelor mah siga ucing bae teu nyangka beurit", ceuk manehna. "Tapi babaturan nu maturan negeskeun, yen eta teh beurit", ceuk manehna nuluykeun caritana. Biasana beurit anu galede teh aya di tempat-tempat runtah, got anu barecek jeung pinuh ku runtah kadaharan (runtah organik), pasar, jeung sabudeureunna. Lumayan oge pangaweruh manehna soal beurit di Kota Bandung. Ceuk manehna, species beurit anu baradag kitu teh lain asli Bandung (Indonesia), tapi imigran ti Thailand. Sigana datangna ka dieu teh milu numpang dina pete kemas, ngaliwatan palabuhan Jakarta-Gedebage. Saterusna, eta beurit teh tumuwuh jadi beurit anu khas kota Bandung, sabab kapangaruhan ku habitan tempat cicingna jeung kadaharanna. "Kuring manggihan yen tetela beurit di Kota Bandung aya sababara species", ceuk manehna. "Wah, aya sababaraha species?", "Eyaan ieu teh?" ceuk kuring panasaran, sabab kawilang unik lamun geus aya variasi teh aya dina tataran species. "Enya!", ceuk manehna daria. Ngarasa ditantang ku pananya kuring, manehna alewoh nyaritakeun papanggihan rupa-rupa beurit Bandung jero 3 bulan katompernakeun anu kapanggih atawa pareng keuna ku bedilna. Cenah aya beurit anu buntutna semu sisitan, aya anu buluna rada galing, aya oge anu butak kulitna teh. Anu marontok mah beurit-beurit Tegalega, cenah (euh, moal boa nya kagemuk ku hormon). Terus dina reaksi kana tembakan, aya anu sakali katembak langsung ngudupruk (beurit Tegalega, upamana). Tapi, cenah, beurit anu habitatna sabudeureun pasar manuk mah rada teuas uratna teh. "Da eta bae, karek sakali dua kali keuna tembakan bae mah siga anu mental pelor bedil angin teh, teu karasaeun", ceuk manehna neruskeun pangalamanna. "Sigana pangaruh tina kadaharan manuk anu umumna pinuh ku gizi", ceuk manehna mere katerangan. Obrolan teh kapotong ku geus tepina kuring anu dianteur ku manehna ka buruan kantor. Teu kungsi nanyakeun aya sabaraha rebu kira-kira populasi beurit di Kota Bandung. Salian ku manehna sibuk nyaritakeun pangalamanna papanggihan jeung rupa-rupa beurit, oge panonna teu weleh rarat-reret ka palebah tempat runtah anu ambacak jeung tempat suni sejenna anu barala. "Keur lokasi moro beurit engke peuting", ceuk manehna siga anu surti kana kapanasaran kuring mireungeuh paripolahna salila nyetiran ka kantorkeun. Balad sadaya, sigana enya, beurit di kota-kota gede, sakumaha di Kota Bandung, geus lumayan matak pikamelangeun. Geus lir ayana jeung mindengna kajadian rupa-rupa panyakit anu dibalukarkeun virus atawa bibit panyakit anu ditepakeu n ku beurit mah, oge jumlahna anu mesat geus kaleuleuwihi. Tempat-tempat anu dipikaresep ku sakadang beurit teh cenah tempat runtah, komo anu ambacak mah runtahna, got-got anu teu beresih, pasar (da asana ari pasar mah kotor bae jeung bararau). Sugan mana kitu oge gambaran kaayaan lingkungan kota Bandung anu memang pikabetaheun beurit. Alieung, palias teuing sebutan "Kota Kembang" baheula ayeuna diteruskeun dilandi jadi "Kota Beurit". Pamugi teu kajadian sarupa kitu. Baktosna, manAR ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> $9.95 domain names from Yahoo!. Register anything. http://us.click.yahoo.com/J8kdrA/y20IAA/yQLSAA/0EHolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

