Baruk, aya beurit imigran ti nagri Siem, Kang Manar ? Payus atuh disebat "beurit Bangkok". Dina salahsawios acara Discovery Chanel, di leuweung Amazon aya salah sahiji bangsa beurit nu disebat Kapibara. Ageungna kirang langkung sapantar embe. Para ahli sapuk yen Kapibara mangrupikeun binatang "mengerat" nu pangageungna. Naha mung aya di leuweung Amazon, henteu di wewengkon sanes ? Di dieu salah sawios kaagungan Gusti Allah SWT. Di eta wewengkon oge hirup sabangsa oray nu kacida badagna nu disebat Anaconda. Kapibara teh kadaharan Anaconda. Teu kacipta kumaha kaayaan alam saupami ieu dua sato -mangsa jeung predatorna- henteu hirup babarengan di hiji wewengkon, pasti kasaimbangan alam bakal kagunasika.
Tah wangsul deui kana pasualan beurit Bandung nu badagna sapantar ucing. Naha ieu oge ciciren yen kasaimbangan alam parantos geseh ? Upami beurit sabadag ucing, tangtos predatorna sanes ucing. Naon atuh ? "Paninggaran beurit" panginten nya, dumeh sasatoan burueun tos langka sedengkeun jalmi nu mibanda bedil langkung seueur. Kang Manar, di lembur abdi mah di Ciparay, beurit teh janten hama sarta janten musuh patani. Di kota-kota ageung mah nu dianggap musuh teh sanes beurit, nanging para "paninggaran", jalmi-jalmi nu mibanda bedil. Sok ah, mangga geura guar. tansah, zam. ----- Original Message ----- From: "Oman Abdurahman" <[EMAIL PROTECTED]> To: <[EMAIL PROTECTED]> Sent: Thursday, October 28, 2004 5:18 PM Subject: [Urang Sunda] Bandung Kota Beurit? > > > Teu kahaja bieu teh, babarengan jeung kawawuhan karek 3 poe ka > tukang panggih, di sela-sela tetelepek nanyakeun soal keusik anu > ngandung beusi (jeung Titanium), kabeungharan Jawa Barat bagean > kidul, bet ngadon der manehna ngadongengkeun moro beurit di kota > Bandung anu keur meujeuhna rame ayeuna-ayeuna ieu. Mokaha ngobrol > teh tepi ka pasoalan utamana, yen akhir-akhir ieu beurit (ti > mimiti "mouse" nepi ka "Rat") di kota Bandung geus pohara matak > pikamelangeunna. "Penduduk" beurit di ibukota Tatar Sunda ieu geus > loba kacida, bisa jadi kaasup "over popullation", khususna di tempat- > tempat tinangtu, saperti pasar, tempat runtah, jeung paimahan. > > Manehna nyaritakeun, yen ayeuna cenah aya hobby anyar pikeun anu > baheula resep moro ku cara ngabedil, kayaning moro manuk atawa > sabangsa sasatoan poroan sejena, make senapa angin. Manuk geus > mimiti nungtutatan laleungitan, pon kitu deui sarupa careuh atawa > peucang, ayeuna geus hese, dalah di tempat saperti Pameungpeuk anu > leuweungna baheula kawentar loba sasatoan poroeun. Tapi, ulah > hariwang, cenah, pikeun anu resep bebedilan moro sasatoan, ayeuna > aya kaulinan anyar anu teu eleh matak narik, malah tempatna ieu mah > di kota lain di leuweung: moro beurit peuting-peuting, make senapan > angin, alias ngabedilan beurit kota, khususna di Kota Bandung. > > Geus ampir 3 bulan cenah ieu hobby moro beurit peuting-peuting > lumansung di kota Bandung. Malah sacara lisan, ieu kagiatan teh > geus meunang restu ti walikota Bandung sagala. Sigana Pa Walikota > Bandung oge geus taak ku pangrewong kota, sakadang beurit, anu beuki > dieu asa tambah loba jeung ngajarah kaditu kadieu. Malah dina waktu > anu deukeut baris aya pasanggiri newak atawa maehan beurit, ku cara > kumaha bae, di Kota Bandung. Snya cenah siga pasanggiri nguseup, aya > hadiah sagala pikeun anu bisa maehan/newak beurit panglobana atawa > panggedena. Naha siga kumaha atuh mesatna populasi beurit di kota > Bandung teh? Teu acan anu ngajelaskeun, ngan carita pangalaman > manehna salila ieu moro beurit sigana bisa mere gambaran. > > Manehna nyaritakeun, beurit (rat) panggedena di kota Bandung anu > geus hasil kabedil teh gedena sagede kilinci (kelinci, saluhureun > marmot) atawa leuwih gede ti ucing. "Mani reuwas, da ningal abrug- > abrugan awakna basa mimiti keuna ku pelor mah siga ucing bae teu > nyangka beurit", ceuk manehna. "Tapi babaturan nu maturan negeskeun, > yen eta teh beurit", ceuk manehna nuluykeun caritana. Biasana beurit > anu galede teh aya di tempat-tempat runtah, got anu barecek jeung > pinuh ku runtah kadaharan (runtah organik), pasar, jeung > sabudeureunna. > > Lumayan oge pangaweruh manehna soal beurit di Kota Bandung. Ceuk > manehna, species beurit anu baradag kitu teh lain asli Bandung > (Indonesia), tapi imigran ti Thailand. Sigana datangna ka dieu teh > milu numpang dina pete kemas, ngaliwatan palabuhan Jakarta-Gedebage. > Saterusna, eta beurit teh tumuwuh jadi beurit anu khas kota Bandung, > sabab kapangaruhan ku habitan tempat cicingna jeung > kadaharanna. "Kuring manggihan yen tetela beurit di Kota Bandung aya > sababara species", ceuk manehna. "Wah, aya sababaraha > species?", "Eyaan ieu teh?" ceuk kuring panasaran, sabab kawilang > unik lamun geus aya variasi teh aya dina tataran species. "Enya!", > ceuk manehna daria. > > Ngarasa ditantang ku pananya kuring, manehna alewoh nyaritakeun > papanggihan rupa-rupa beurit Bandung jero 3 bulan katompernakeun anu > kapanggih atawa pareng keuna ku bedilna. Cenah aya beurit anu > buntutna semu sisitan, aya anu buluna rada galing, aya oge anu butak > kulitna teh. Anu marontok mah beurit-beurit Tegalega, cenah (euh, > moal boa nya kagemuk ku hormon). Terus dina reaksi kana tembakan, > aya anu sakali katembak langsung ngudupruk (beurit Tegalega, > upamana). Tapi, cenah, beurit anu habitatna sabudeureun pasar manuk > mah rada teuas uratna teh. "Da eta bae, karek sakali dua kali keuna > tembakan bae mah siga anu mental pelor bedil angin teh, teu > karasaeun", ceuk manehna neruskeun pangalamanna. "Sigana pangaruh > tina kadaharan manuk anu umumna pinuh ku gizi", ceuk manehna mere > katerangan. > > Obrolan teh kapotong ku geus tepina kuring anu dianteur ku manehna > ka buruan kantor. Teu kungsi nanyakeun aya sabaraha rebu kira-kira > populasi beurit di Kota Bandung. Salian ku manehna sibuk nyaritakeun > pangalamanna papanggihan jeung rupa-rupa beurit, oge panonna teu > weleh rarat-reret ka palebah tempat runtah anu ambacak jeung tempat > suni sejenna anu barala. "Keur lokasi moro beurit engke peuting", > ceuk manehna siga anu surti kana kapanasaran kuring mireungeuh > paripolahna salila nyetiran ka kantorkeun. > > Balad sadaya, sigana enya, beurit di kota-kota gede, sakumaha di > Kota Bandung, geus lumayan matak pikamelangeun. Geus lir ayana jeung > mindengna kajadian rupa-rupa panyakit anu dibalukarkeun virus atawa > bibit panyakit anu ditepakeu n ku beurit mah, oge jumlahna anu mesat > geus kaleuleuwihi. Tempat-tempat anu dipikaresep ku sakadang beurit > teh cenah tempat runtah, komo anu ambacak mah runtahna, got-got anu > teu beresih, pasar (da asana ari pasar mah kotor bae jeung bararau). > Sugan mana kitu oge gambaran kaayaan lingkungan kota Bandung anu > memang pikabetaheun beurit. Alieung, palias teuing sebutan "Kota > Kembang" baheula ayeuna diteruskeun dilandi jadi "Kota Beurit". > Pamugi teu kajadian sarupa kitu. > > Baktosna, > manAR > > > > > > > > > > > > > Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id > > Yahoo! Groups Links > > > > > > > > ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> Make a clean sweep of pop-up ads. Yahoo! Companion Toolbar. Now with Pop-Up Blocker. Get it for free! http://us.click.yahoo.com/L5YrjA/eSIIAA/yQLSAA/0EHolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

