Asa kungsi maca, yen cenah aya hiji "perlakuan" nu beda nu diterapkeun
ku Pangeran, antawis ka jalma nu ariman jeung jalma nu teu ariman ka
Mantenna. Unina kirang-langkung nyanggemkeun yen pikeun umat nu ariman
mah, sabisa-bisa kagorengan nu dipilampah di dunya rek dibales ku
Pangeran di dunya keneh, sangkan di aherat (rada) ngurangan.
Sedengkeun pikeun jalma nu teu iman, sagala amal kahadeanana bakal di
bales di alam dunya keneh, sangkan di aherat Pangeran geus teu boga
hutang kahadean ka kaom kapir.
Baheula teh ngahuleng, diakur2 jeung kanyataan kiwari, naha enya kitu?
Nagara2 muslim, kiwari loba nu kaasup nagara miskin, loba masalah.
Naha enya kitu ieu teh alatan umat nu arimanna loba keneh teuing
nyieun dosa? Nagara2 non-muslim, sakumaha nu katempo ku urang, utamana
di wewengkon Kulon, gemah ripah loh jinawi. Naha enya kitu ieu teh
alatan maranehna loba amal kahadeanana, nyaeta amal sosial nu saluyu
jeung tungtunan Islam? Goethe ge cenah kungsi nyebut (satutasna
anjeunna maca ngeunaan sari-sari ajaran Islam) sarta tumanya, "Mun nu
dimaksud Islam teh ieu, atuh meureun salila ieu teh urang geus hirup
dina Islam..."

Duh paralun, Gusti... Ihdinash-shirootolmustaqiim... aamiin...


On Fri, 29 Oct 2004 03:20:27 +0700, R. Duli Dimyati D.
<[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> Maca posting Abah Willy ieu, abdi janten gaduh pertanyaan : kunaon di
> nagara sejen sawios hobi kana paripolah anu dilaknat ku Allah,
> katingalna langkung Makmur sareng maju tibatan nagara urang? Padahal teu
> kirang2 sdm di nagara ieu, cobi we dietang. Teu adil pisan nya...mung
> abdi mah moal hilap kaayaan ieu teh ujian ti Allah kanggo ngukur
> kaimanan manusa anu ngaku tos gaduh iman.

-- 
kumi


------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
$9.95 domain names from Yahoo!. Register anything.
http://us.click.yahoo.com/J8kdrA/y20IAA/yQLSAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke