Mangga kalebet kang Endang Romanse..( wargina tomingse siganamah;p ).. mangga lah sok geura ditampi saaya aya, da geuningan nuju shaum kan urang teh janten teu tiasa masih leueuteun katut tuangeun..mangga aya oge tah tuangeun dipelong wae wungkulnya tong dituang satreuacan maghrib bilih batal... hehehee.. mangga ah, sok geura lajengkeun... sim kuring kantos nuju SMP sok liburan di Cililin tepatna mah di Ciodeng, kaleresan pun lanceuk ditugaskeun janten Guru SD didaerah Ciodeng teh... malihan mah gaduh alo oge terah ti Ciodeng da indungna pas ngawulang diditu..
kumaha ayeuna Ciodengnya? baheulamah mun kaitunakeun aya ojeg ti terminal beus.. tapi mun ti Ciodengkeun ka terminal kedah mapah.. malihanmah ka Pasar Rebo atanapi Kemisnya.. angkat teh nyubuh, dongkap ka pasar Panonpoe tos bijil.. +/- 2jaman mapah... aeh naha ngadon janten ngadongeng ieu teh.. sakantenan ateuh abdi oge nepangkeun wastamah Cecep Wahyu, kawit ti Bandung Cicadas sami sareng Ua Tito... ayeuna nuju kasasab janten Kuli angkut di Lobam p. Bintan ( sagedengeun P. Batam ) Mangga Kang...teraskeun.. Baktosna, -----Original Message----- From: romansa [mailto:[EMAIL PROTECTED] Sent: Friday, October 29, 2004 12:31 AM To: [EMAIL PROTECTED] Subject: [Urang Sunda] Neupangkeun baraya anyar neupangkeun abdi baraya anyar etage upami diangkeun janteun baraya ku saderek sadaya nami abdi Endang ( sunda pisannya namina )ruruntuyan ti cililin namung ayuena neuteup di cirebon kidul ( wateus kuningan ) ayeuna keur usum peuteuy sareng buah anu hoyong mampir ka rorompok abdi ( ulah seueuran )..hehehe kanggo akang moderator pasihan terang saha2 wae anu caket sareng abdi? ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> Make a clean sweep of pop-up ads. Yahoo! Companion Toolbar. Now with Pop-Up Blocker. Get it for free! http://us.click.yahoo.com/L5YrjA/eSIIAA/yQLSAA/0EHolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

