Wa'alaikumsalam Wr Wb
 
Haturan Mang Jojo.....damang...?
Hatur nuhun atuh mang Jojo parantos patepang sareng baraya urang anu aya di Batam. Asa gaduh wargi teh leres, mung hajakal sareng teteh mah teu acan kaparengkeun, keun atuh kapayun panginten tiasa patepang. Nya upami kaleresan mang Jojo aya tugas ka Sby, moal teu ditampi kang..!, mangga Mang Jojo iraha bade ka Sby..? diantos.......
Ayeuna teteh nuju ngantosan baraya urang anu bade mudik, ping 9 Nov 2004, mugia teu aya halang harungan.......
 
Salam
teh tien
( resep upami di anjangan ku baraya.)

Mang Jojo <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

Wa'alaikumus salam wr.wb.
Bingah amarwata suta kalayan puji syukur lahamdulillah
rehna emang parantos kalaksanakeun tepang sareng Kang
Panzi kalih garwana, oge sareng Teh Novi ( anu harita mah
masih keneh lelengohan).

Emang asa diangken ku dulur pet ku hinis. Barang breh teh
asa teu asa-asa. Boboran oge ngahaja nedunan pangajang alo
Panzi  urang  murak timbel di "Batam Kuring", hiji resto
kagungan  Pa Lubis anu  istrina uarng Bandung  cenah.

Salebeting  murak tibel ngobrol galecok, brukbrak. Emang
ngaraos bingah tiadsa tepang sareng dulur ti Kusnet teh,
tetela aya mangpaatna ngariung di ieu dunia maya teh.

Hanjakal teu tiasa tepang sareng kang Iyan da kukupingan
teh Ramana Ngantunkeun di Garut. Allhummaghfirlahu
warhamhu waafihi wafuanhu. Mugia ditampi iman islamna,
dihapunten kalepatananan. Atuh kang Iyan tumetep dina
kasolehan sinareng teu petot-petot ngadungakeun almarhum,
sakumaha kasauran Rasulllah SAW yen amal hiji kjalmi teh
pegat iwalti sodaqoh jariyah, ilmu anu diamalkeun sarenga
putra anu soleh anu sok nghadungakeun ibu ramana.

Wangsul deui lalampahan di Batam,  nganjrek di Sei Jodoh
caket Nagoya (sanes Jepun ieu mah). Batam teh nuju
"kuriak" ngawangun. Sing saha anu gaduh artos mangga geura
maleser bumi di ditu,  etang-etang peperenian kanggo
kapayun. Cobi taroskeun ka Kang Panzi.

Sakumaha biasana cenah mun ka Batam teh sok hayang
balanja, tapi da artosna teua acan nyitak, kapakasa we
ngan kabujeng meser minyak seungit.  Rek masihan ka Neng
Mpup bilih ditampik, moal enya cenah calon panganten
dipaparin "air mata duyung". Wayahna Teh Mpup teu kaagehan
nya, ulah bendu.

Sakali deui hatur nuhun ka Kang Panzi kalih garwa, oge Teh
Novi anu tebih-tebih nagbujeng.
Salam ka Kang Ule di Bintan.
Tilam sono ka sadaya wargi kusnet.

MangJojo




On Tue, 26 Oct 2004 07:17:04 +0700
  "B�sm���" <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> >
> Kamari sonten abdi, pun bojo, novi kopdar sareng mang
>jojo...
> tadina mah Cep Agus bade ngiringan, hanjakal teu janten,
>>
> Alhamdulillah ku ayana Kusnet janten gaduh seueur
>baraya,
> ka baraya US nu bade nganjang ka batam, ulah sungkan
>nalipung baraya US nu aya di batam,
> mugia tali silaturahmi urang sadaya langgeng salamina...
>
> Panzi
> *Mpup salamna tos ditepikeun...
> *Mang Jojo ka batamna dina raraga seminar, ngke dinten
>rebo teras ka singapurkeun...
>
>
>  ----- Original Message -----
>  From: Endang Tatan
>
>  Wilujeng enjing deui kang Toni sareng kang Nzie, oge
>kumna kasadayana Wargi warung Gl..
>  mangga di lajeng deui kang Toni.. panginten ayeuna mah
>warungna teu icalan pisang goreng nya.. kana naon atuh
>ayeuna icalanana ??
>
>  tatan

===========================================================================================
"Dapatkan hadiah utama sebuah sepeda motor, dengan mengikuti
Netkuis Ramadhan TELKOM Jakarta di http://netkuis1.plasa.com/jakarta/ramadhan"
===========================================================================================


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




Do you Yahoo!?
Yahoo! Mail Address AutoComplete - You start. We finish.

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id



Yahoo! Groups Sponsor
ADVERTISEMENT
click here


Yahoo! Groups Links

Kirim email ke