Hatur nuhun Kang Rudy, tuh geuning US teh gede wawanen, ieu aya US di Abu Dhabi. Ceuk sababaraha urang di kantor ciri utama US mah ngagelung ka indungna, teu wanen jauh ti tatar sunda. Bakat ku kuatna cenah ieu sipat teh nerap ka seler lain nu kungsi kuliah di Bandung, geumpeur mun aya mutasi, hayang na teh jalur parahyangan Bdg - Jkt bae. Duka heureuy duka serius, tapi kesel oge ngadengena katurug-turug da asa enya deuih di kantor teh boh US jeung nu kungsi lila di Bdg teh sok manca kaki lamun ditempatkeun di luar Jawa Barat/Banten....utamina di luar jawa. Tujuanamah eta supaya mun aya mutasi gancang ditaring deui ditempatkeun di Jabar.
Kang Rudy sim kuring kawitna ti Kisunda, tah waktos ngobrolkeun Cimalati ku teh Tien disarankeun lebet ka Urang Sunda. Kadua mulis ge pikaresepeun, serius aya daria nyata...pokona mah jadi seueur gumujeng bari sakali-kali ngabarakatak. Tapi nu pang pentingna keur diri pribadi, sim kuring boga sumanget ngenalkeun basa (& sajarah) sunda ka katilu anak sim kuring.
Salam
TCW
Pituin <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
******************************************************
Muhun kitu kang Dani.....maksadnamah, ayana pancaki teh supados
lankung raket tur geugeut babarayaan teh...sim kuring ge ningan
mendakan wargi ti pun biang di milis ieu .....heup heula
ah!!...hapunten...nepang keun oge..sim kuring, wasta Rudy Setiawan,
dilandih di ieu babakan mah pun adi, kawit mah ti bandung-karapitan-,
ayeuna nuju ngaulaan juragan ageung di Abu dhabi,..alhamdulillah tos
aya batian dua, jalu sadayana....naon deui nya? panginten sakitu kang
Dani pangwanoh ti sim kuring mah.
Nu lianna.....perkawis milis US, saukur babagi wawar ti kuring ieu
mah, urang lembur nu bau lisung tea. Yen milis kasundaan teh aya tilu
nu ampir diangken ku sadaya US di alam maya.
.......... nya eta (sadayana di yahoogroups) urangsunda & kisunda (dua
ieu dilandih ku baraya teh "babakan")......nu dua ieu mah panginten
leres pisan, jejerna teh daria (tapi sasakali ge teu sawios ketang.)
Na kunaon kudu daria?.....dumasar dua milis ieu mah kanggo
ngamulasarakeun kitu oge ngamajengkeun kasundaan tur ki sunda tea
(mangga di tingal lan diaos koropak2 nu aya di dua milis atanapi di
web-site na).
.......tapi da....urang ge panginten ngaraos lan uninga..... reh na
salah sawios cicirenna US teh sok resep banyol bin
heureuy....janten....kanggo ngamisah jejer-jejer nu daria sareng nu
banyol,
[EMAIL PROTECTED] (sok disebat ku baraya teh..."warung", muhun da
ayana di babakan) disayagikeun kanggo baraya babakan nu resep banyol
bin heureuy tea,.......hiji rohangan tempat silih kekeak, silih
gonjakan pokona mah tempat miceun sutres,.......nami na oge warung,
janten di ieu milis mah sing kiat bae....ulah ambekan komo pundung
mah....da nu aya oge ting cakakak....
Kukitu na tilu milis ieu teh sarupaning tri tunggal tea....intina mah
sadayana oge kanggo kamajengan kasundaan tur ki sunda urang.
Tah kang Dani, samentawis mah sakitu nu kapihatur, insya alloh mun
pareng dilajeng deui dina waktos nu langkung sae! Sakantenan ti sim
kuring seja ngawilujengkeun ngariung di ieu babakan, sing betah
tumaninah...mugia aya mangfaat na kanggo urang sewang-sewang, umumna
mah kanggo sakumna US di sakuliah dunya!
Salam,
-pun adi-
Yahoo! Messenger - Communicate instantly..."Ping" your friends today! Download Messenger Now
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
| Yahoo! Groups Sponsor | |
|
|
Yahoo! Groups Links
- To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

