Dina pamungkas wacana ngeunaan sajarah, kacindekana teh unina 
kieu: "Sajarah mah kumaha anu arek di tulis ku urang bae". Hal eta 
teh sabab dina satiap kahirupan, tangtu bae aya anu alus jeung aya 
anu kurang pantes. Pon kitu deui dina hal Wanoja Tatar Sunda. 

Upama anu arek digegedekeun tur diabadikeun jadi ajen inajen anu 
diwariskeun ka generasi anu neruskeun urang teh hal-hal sarupa kitu, 
yen wanoja Tatar Sunda teh posesif jeung egois (bari sabenerna hal-
hal anu bieu teh heunteu leupas tina interpretasi anu nepikeunna/ 
bias tea), nya anu hal eta anu baris jadi ajen-inajen (penanda) 
budaya Tatar Sunda teh (dina lebah dieu: karakter wanojanya). 

Naha matak naon atu anu digegedekeun teh lain aranjeunna wanoja 
anu "berprestasi" alias istri binangkit tea?" Apan teu kurang di 
Tatar Sunda, ti baheula nepi ka ayeuna, seueur wanoja picontoeun. 
Upamana bae : Rd. Dewi Sartika, Ma Eroh, Ma Ecot, Ma Ageung, Ibu... 
(anu nyiptakeun bedak Saripohaci), para doktor/insinyur anu ngajar 
di paguron-paguron luhur di Bandung jeung jakarta, jeung tempat 
sejenna, istri gubernur jambi anu sakitu dipikacintana ku masyarakat 
jambi, jrr deui anu tepi ka ayeuna tacan aya catetan khususna 
(kalebet Teh Netty, Teh Tati, Teh Neni, jjrd, anu luas ngambah 
sagara ngumbara di nagri dengeun bari tetep renggenek dina budaya 
aslina, oge nu sanesna)

"Panonna nu salah mah, kana tv bae"...hehehe, bari anu didago-dago 
teh ngan warta celebritis bae, heunteu pisan hayang ningalian nu 
sanesna. TV-na deui, lolobana ngan ukur warta samodel kitu deuih, da 
eta, narik iklanna matak uruy (munasabah atuh lamun Pa Menteri 
Pertanian urang ayeuna geus lila cenah teu boga jeung tara ningal TV 
urang).

Sajarah atawa kabudayaan akhirna mah, taya lian, iwal ti ajen-inajen 
naon anu ku urang hayang ditepikeun ka masyarakat jeung generasi 
saterusna. Anu nepikeun model tadi, nya ngan ukur tepi kadinya ajen 
inajen budaya anu aya dina sajeroning sirahna teh, pangapunten.

Ngeunaan posesif, pananyana bisa dibalikeun: "Ku naon nya lalaki 
sejen teh bet resep ka wanoja-wanoja Sunda, boh gadis atawa 
patilasan nu sanes?".

cag heula,
manAR


--- In [EMAIL PROTECTED], "okalaksana" <[EMAIL PROTECTED]> 
wrote:
> 
> Aya nu matak nyeuri nalika rerencangan orang Jawa naros 
kieu. "Naha 
> ari Wanoja sunda teh posesif jeung egois?" dumeh di Infotainment 
> artis Sunda seueur nu nyuhunkeun cerai (Desi, Alya, Dewi Yull, 
Reza, 
> Nicky, Dina Lorenza) sareng nu ngarebut salaki batur (Hetty kus 
> Endang, Tri Utami , Itjeu Tresnawati). Kumaha atuh kudu dijawab. 
> Sanajan sampelna salah tapi pami di Tipi unggal dinten disangki 
eta 
> teh karakteristik populasi.





------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
$9.95 domain names from Yahoo!. Register anything.
http://us.click.yahoo.com/J8kdrA/y20IAA/yQLSAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke