Pangapunten, maksad teh ieu mah dina leresan nulis sejarah atanapi 
urusan sosial-budaya. Nulis hiji hal anu kalintang pentingna keur 
cecekelan kahirupan. Upamana bae, ku sabab sajarah salami ieu 
ditulis kalawan nyoko kana waktu awal, runtuyan kajadian tepi ka 
pungkasna anu lengkep kalawan bukti-buktina, mangka (di urang) ngan 
suku bangsa tinangtu anu ngabogaan sajarah teh. Tapi, upama sajarah 
ditulis kalawan nyoko kana ajen-inajen poko, hal-hal anu sifatna 
universal kamanusaan, tiap suku oge tinangtu mibanda eta ajen inajen.

Ceuk Dimont, cenah, sakumaha sederhana hiji (suku) bangsa upama eta 
(suku) bangsa teh pernah eksis (hadir) dina ieu kahirupan, komo ari 
masih keneh aya dikieuna mah, tinangtu eta (suku) bangsa teh 
ngabogaan ajen-inajen poko (nilai-nilai pokok pegangan kehidupan 
pokok) anu bisa jadi eta ajen-inajen teh leuleus (lentur, flexible), 
dugi ka tiasa dipateakeun pikeun ngahontal deui kajayaan eta bangsa. 

"Citra diri" penting pisan, hapunten, dina leresan dieu mah, sajarah 
dina kabudayan lir ibarat psikologi dina komunikasi. Upama urang 
mibanda konsep diri anu goreng, tinangtu bae baris goreng anu 
kaalaman ku urang. Kitu deui dina agama, tepi ka kusabab kitu, 
kawajiban kolot teh diantarana maparinan ngaran anu sae ka pala 
putrana; nami anu sae eta citra diri. Sarupi kitu maksud pamadegan 
sajarah kumaha anu hayang ditulis ku urang; jeung kunaon teu 
digegedekeun hal-hal anu aralus ti wanoja-wanoja Tatar Sunda pikeun 
tuladaneun. Tangtu bae, di lebetna engke, sakumaha dina 
carita "Lutung Kasarung" anu nyaritakeun istri tuladaneun-Purbasari-
aya anu awonna, nyaeta Purbararang. Namung, konteksna di dieu taya 
lian: keudah nonjolkeun anu picontoeun.

Anapon pikeun urusan pribadi, sakedahna urang emut kana aib diri 
pribadi bae kalawan heunteu nonjolkeun kautamaan anu geus kahontal.

Cag
manAR
--- In [EMAIL PROTECTED], durahman <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> Tuesday, November 2, 2004, 1:06:00 PM, Oman wrote:
> <My answer at the bottom of this page>
> 
> > Naha matak naon atu anu digegedekeun teh lain aranjeunna wanoja 
> > anu "berprestasi" alias istri binangkit tea?" Apan teu kurang di 
> > Tatar Sunda, ti baheula nepi ka ayeuna, seueur wanoja 
picontoeun. 
> > Upamana bae : Rd. Dewi Sartika, Ma Eroh, Ma Ecot, Ma Ageung, 
Ibu... 
> > (anu nyiptakeun bedak Saripohaci), para doktor/insinyur anu 
ngajar 
> > di paguron-paguron luhur di Bandung jeung jakarta, jeung tempat 
> 
> <My answer>
> 
> tAH, lolobana urang sok kitu atuh. Nu katingali teh nu teu alusna
> wungkul. Jarang anu wani ngaku kaleuwihan batur. Nu matak aya
> pribahasa kieu oge meureun;
> 
> "Semut di seberang lautan kelihatan
> Gajah di pelupuk mata tidak kelihatan"
> 
> "Halodo sataun leungit ku hujan sapoe"
> 
> 
> 
> NB:
> Nuhunkeun koreksina bilih aya tulisan sim kuring anu lepat
> (Please, correct me if i'am wrong)
> -- 
> Best Regard,
> DURACHMAN (mailto:[EMAIL PROTECTED])
> http://www.geocities.com/dur74/
> http://sg.briefcase.yahoo.com/dur74





------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
$9.95 domain names from Yahoo!. Register anything.
http://us.click.yahoo.com/J8kdrA/y20IAA/yQLSAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke