Kang Hasan oge para wargi sadaya,
Sae pisan ieu emutan bade ngadigitalkeun (cikan pilarian pisundaeuna ieu istilah "digitalisasi" teh) naskah Sunda. Insya Alloh ieu tehy baris jadi hiji "masterpiece" hasil urang ngumpul sareng alewoh ngobrol di alam maya. Insya Alloh sim kuring bade ngarojong, boh dina hambalan program (kalebet ngaringkelkeun indikator jeung ambahan /lingkup pagaweana) atawa nasakahna (anu parantos diserat- ulang). Pikeun maheutkeunna pisan mah sae ieu jejer jadi bahan wangkongan dina pajemuhan Cimalati engke. Digitalisasi naskah kuno kasundaan kalintang baris ngarupakeun hiji sumbangan anu ageung ajenna kana konservasi jeung pangwangunan kabudayaan. Nya ieu salah sahiji kagiatan atawa program tina Strategi Kabudayaan (SK) Tatar Sunda teh. Sabab, salah sahiji "kakurangan" dina widang budaya teh taya lian ti kurangna arsip jeung perkara mulasarana ngeunaan naskah kuno. Jeung ari naskah kuno teh kalebet widang humaniora anu ngarupikeun rekaman hasil kabudayaan (kreativitas enggoning ngigelan jeung ngigelkeun jaman) hiji bangsa nurutkeun ruang (geografis-geopolitis) jeung waktu. Hampura, rada noroweco lebah dieu teh bane bae tutas maca bukuna Kang Saini K.M (Krisis Kebudayaan). Saleresna, nya sarupi jejer ieu "positioning" anu ku urang tiasa dikukuhkeun nyoko kana ugeran sdm anu aya. Jembarna, kumaha potensi SDM Kusnet/YP dina ngawangun kabudayaan jero alam kakiwarian, alam anu keur nyanghareupan masalah-masalah anu mucunghul tina tantangan jaman globalisasi (ti luar) jeung otonomi daerah (ti jero). Pasoalan sarupa rebutan cai antara Kab. Kuningan- Kota/Kab. Cirebon, titinggal sajarah anu kaancam ku pangwangunan waduk, jst diantara masalah-masalah bieu. Kusnet atawa YP pantes jeung Insya Alloh tiasa maparinan bongbolongan kanggo tiap Pemda di Jabar, boh dina hambalan konsep atawa praktis (sapertos ngadamel proposal). Kantun prung, dikawitan ku madungdengkeun heula kumaha lengkah-lengkahna. Bral tandang. bakstosna, manAR --- In [EMAIL PROTECTED], mh <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > kamari sore bada buka, aya obrolan kuring nu direspon > ku kang tirta sareng kang akos. tah aranjeuna sadia > ngabantuan perkara 'digitalisasi' naskah sunda saperti > nu ditepikeun ku kuring. nu katempo ku kuring jigana > kieu. perceka nyieun program kerja pikeun usaha > dokumentasi naskah sunda anu aya dimana wae. jigana > kang oman sareng pupuhu perceka tiasa nyusun program > gawena. saterusna nya nyieun tim kecil pikeun usaha > eta. misalna, aya volunteer warga kusnet komisi > jakarta anu ditugaskeun pikeun maluruh arsip pustaka > sunda nu aya di perpustakaan nasional. > > kalompok lainna, meureun perlu editor. sabab biasana > hasil scanner teh sok loba error anu perlu dikoreksi. > keur tugas ieu pan loba balad kusnet teh. boh di gank > leboy atawa di kusnet oge. nya bari ngobrol ngaler > ngidul di gank leboy, sakali-sakali ngedit naskah > hasil scanner. > > saterusna eta naskah hasil editing, urang kumpulkeun, > terus publikasikeun di internet. pan loba ieuh hosting > gratisan puluhan mega nu bisa dimangpaatkeun. > kira-kira jiga proyek guetenberg tea. tah ieu pagawean > mah cocok keur urang kusnet anu rada ngarti komputer. > asana teu saeutik balad kusnet nu ngarti komputer teh. > > tah sakitu heula, cangkeul ngetikna. engke > diteruskeun. > > salam, > mh > > --- kumincir <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > > Tah-tah... geuning aya sinyal hade yeuh... ampir bae > > surelekna > > kasingsal ku nu murudul... > > Di antawis baraya di dieu aya teu nu kungsi midamel > > nu sapertos kieu, > > nu ti jurusan sastra sugan... Nyi mPup terang teu, > > sanes baladna Pa > > Undang A. Darsa? > > * Proposalna mah, panginten tiasa ditakel atas nami > > Yayasan Perceka > > (kinten2 tiasa teu, Uwa?) > > * Alat2na, kayaning komputer, scanner & kalengkepan > > nu sanesna, ti > > mana yeuh kinten2na? > > * Tanaga, saha bae yeuh nu kinten2na tiasa babantos > > dina prungna di > > PerpusNas? Utamana masalah waktu nu bakal bantrok > > jeung kasibukan > > masing2, diutamankeun nu di Jakarta panginten. > > * Markas, sugan rada gampil jigana perkawis ieu mah. > > Di kamar > > kontrakan kuring ge bisa lah sare patejeh-tejeh > > mah... > > > > -- > > kumi > > > > > > > __________________________________ > Do you Yahoo!? > Check out the new Yahoo! Front Page. > www.yahoo.com ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> $9.95 domain names from Yahoo!. Register anything. http://us.click.yahoo.com/J8kdrA/y20IAA/yQLSAA/0EHolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

