Kang Waluya,

Euleuh...kudu kumaha tah nya narekahanana :-(( Ari batur mah geus 
marebutkeun lahan pimilikeun, ari ieu ngan maributkeun paisan 
kosong. Ceuk rarasaan kuring mah, sabodo teuing rek enya atawa 
henteu oge Jang Neil pernah nincak bulan atawa henteu, anu kudu 
ditarekahan teh eta lahan di bulan ulah dikeukeuweuk ku batur anu 
hawek. 

Kumaha lamun Amrik nga-claim bulan teh milik na? Apan karunya tah ka 
Nini Anteh jeung ucing na. Na kudu migrasi ka mana deui atuh Nini 
teh. Balik deui ka Tatar Sunda moal daekeun sigana mah, da pasesedek 
teuing he he he.

Tapi enya Kang W, ieu teh masalah anu daria oge. Tingali niley 
ekonomi na! Aya contona, hiji pausahaan swasta Amerika ngadukeun 
NASA di pangadilan. Eta pausahaan teh boga claim, manehna teh anu 
bogana asteroid. NASA teh pernah ngirim misi robot ka eta asteriod. 
Kusabab kitu ata pausahaan teh nungtut NASA liwat pangadilan sangkan 
mayar "duit parkir" anu lobana $ 20,00. Tong ditingali jumlah claim 
na, anu kudu diperhatikeun teh prinsipna. Kitu sanes para ahli hukum?

Duka ah jadi lieur mikiran anu kitu teh he he he. Hayu atuh urang 
demo sangkan Nini Anteh teu kagusur ku batur ;-))

rman





------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
$9.95 domain names from Yahoo!. Register anything.
http://us.click.yahoo.com/J8kdrA/y20IAA/yQLSAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke