Pairan sim kuring diselipeun ----- Original Message ----- From: R. Duli Dimyati D. <[EMAIL PROTECTED]> To: <[EMAIL PROTECTED]> Sent: Saturday, November 06, 2004 3:16 AM Subject: RE: [Urang Sunda] Moral Deui .................
> > Moralna FPI sareng moralna Bush and Kerry moal tiasa disamikeun, kumargi > benten tea standar anu diagemna. Kacipta ku abdi, barudak FPI wantun > ngaruksak kasino di vegas, pasti ku Bush digebruskeun ka Guantamo. Tapi > abdi oge emut keneh kumaha hebatna mesin perang amrik basa nuju > ngabombardir Afgan sareng Irak, carpet bombing - ngalapati jelema persis > ngaseupan reungit basa usum demam berdarah... WALUYA : Leres teu sami, tapi aya dasar nu sami, nyaeta moral nu didasarkeun konservative dina agama (fundamentalis). Bush didukung ku kalangan fundametalis agama Kristen. Ukuran moral urang Kristen Fundamentalis saleresna ampir sami jeung ukuran moral ceuk agama Islam. Maranehna sarua anti Aborsi, anti teori Evolusi (Darwin), Homosexualitas, lalaki nu boga peran lain awewe jrrrd. NGagede-gedekeun perang Salib. Emut Bush kantos nyarios yen perang ngalawan terrorime teh diibaratkeun perang Salib. Keur jelema fundametalis ieu, moral kristen kudu ditangtungkeun di dunya ieu. Cobi bandingkeun jeung kalakukan lasykar-lasykar Islam di urang, apan maranehna oge boga tujuan sarua nangtungkeun moral, ngan bedana teh moral Islam. Di dunya tungtungna jadi aya dua kutub, fundametalis Kristen anu ayeuna kawasa, terus di kutub lainna aya fundametalis Islam nu sarua militanna tapi lemah dina kakawasaan. Lamun Bush terus-terusan make kawijaksanaan jiga ayeuna, dunya moal aman, sabab nu aranna perang Salib wae lilana tepi ka 200 taun leuwih, bari jeung teu puguh saha anu meunang jeung saha anu eleh. Perkawis kakejeman Amerika di Irak sareng Afghan, kuring mah " No Comment", sabab urang Irak jeung urang Afghan oge sarua we telengesna komo ieu mah ka bangsana sorangan. Buktina waktu Saddam Husein jeung Taliban kawasa, di urang (Indonesia) aya rewuan urang Afghan jeung Irak nu hayang meuntas ka Australia, bakating ku loba kasieun di nagarana, nepika wani nandonkeun nyawana, meuntas lautan. WALUYA ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> $9.95 domain names from Yahoo!. Register anything. http://us.click.yahoo.com/J8kdrA/y20IAA/yQLSAA/0EHolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

