> WALUYA : Leres teu sami, tapi aya dasar nu sami, nyaeta moral nu 
didasarkeun
> konservative dina agama (fundamentalis). Bush didukung ku kalangan
> fundametalis agama Kristen. Ukuran moral urang Kristen 
Fundamentalis
> saleresna ampir sami jeung ukuran moral ceuk agama Islam. 

Kang Waluya sareng baraya sanesna,

Konservatisme/fundamentalisme jeung politik Islam oge ayeuna teh 
geus mimiti nerekab di NL. Duka beritana nepi atawa henteu tah ka 
ID? Sababaraha poe ka tukang aya sineas jeung sutradara NL Theo van 
Gogh geus dipaehan ku urang Maroko. Ditembak tikadeukeutan terus 
digorok make peso jeung ditinggalan sacewir kertas anu ditulisan 
ayat2 Al Qur'an. Eta kajadian teh di tempat anu rame jeung beurang 
deuih. Anu dijadikeun alesanana teh sabab eta Van Gogh teh sabener 
na mah "ceuk kuring" asa teu pira. Manehna teh  sok loba omong jeung 
loba ngalelewean urang Islam. Misalna manehna sok nyebut muslim 
tukang "tumpak" embe, nyokot ucapanana Imam Khomeini anu pernah 
nyebutkeun "lalaki muslim meunang 'numpakan'embe lamun pamajikanana 
keur beureum". Duka enya duka henteu.

Anu ngalakukeun eta rajapati teh umur na 26 taun. Geus kacerek ku 
pulisi. Cenah anu jadi alesanana mah "jihad" bae. Lamun nengetan 
kayaan Islam di NL, loba pisan kelompok garis heuras na. Ku kaayaan 
ieu polaritas antara muslim jeung non-muslim jadi tambah ngalegaan. 
Citra Islam anu sabenerna basajan jeung 'cinta perdamaian' ku 
kajadian ieu jadi tambah goreng bae. Muslim anu moderat oge malah 
disakompetdaunkeun. Islam ayeuna teh di dieu ampir identik jeung 
terorisme. Sedih puguh kuring teh...:((

Radio, tv jeung internet ayeuna teh pinuh ku diskusi ngeunaan ieu 
masalah. Kudu kumaha atuhnya, muslim moderat kudu nangtukeun sikep 
dina kaayaan siga kieu?

Baktos,


rman







------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
$9.95 domain names from Yahoo!. Register anything.
http://us.click.yahoo.com/J8kdrA/y20IAA/yQLSAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke