Saha nu nyerat ieu uga ?, kinten-kinten taun sabaraha diseratna ?
----- Original Message -----
From: "Z.A. Muslim" <[EMAIL PROTECTED]>
To: <[EMAIL PROTECTED]>
Sent: Friday, November 05, 2004 10:58 AM
Subject: Re: [Urang Sunda] uga wangsit siliwangi


>
> Ieu lengkepna Uga.
> (zam)
>
>
> UGA WANGSIT SILIWANGI
> (CARITA PANTUN NGAHIYANGNA PADJADJARAN)
>
> Pun, sapun kula jurungkeun
> Mukakeun turub mandepun
> Nyampeur nu dihaneuleumkeun
> Teundeun poho nu bareto
> Nu mangkuk di saung butut
> Ukireun dina lalangit
> Tataheun di jero iga !
>
>
> UGA WANGSIT SILIWANGI
> Saur Prabu Siliwangi ka balad Padjadjaran anu milu mundur dina sateuacana
> ngahiang: Lalakon urang ngan nepi ka poe ieu, najan dia kabehan ka ngaing
> pada satia ! Tapi ngaing henteu meunang mawa dia pipilueun, ngilu hirup
jadi
> balangsak, ngilu rudin bari lapar. Dia mudu marilih, pikeun hirup ka
> hareupna, supaya engke jagana, jembar senang sugih mukti, bisa ngadegkeun
> deui Padjadjaran ! Lain Padjadjaran nu kiwari, tapi Padjadjaran anu anyar,
> nu ngadegna digeuingkeun ku obah jaman ! Pilih ! ngaing moal
> ngahalang-halang. sabab pikeun ngaing, hanteu pantes jadi Raja, anu somah
> sakabehna, lapar bae jeung balangsak.
>
> Darengekeun ! Nu dek tetep ngilu jeung ngaing, geura misah ka beulah kidul
!
> Anu hayang balik deui ka dayeuh nu ditinggalkeun, geura misah ka beulah
> kaler ! Anu dek kumawula ka nu keur jaya, geura misah ka beulah wetan !
Anu
> moal milu ka saha-saha, geura misah ka beulah kulon !
>
> Darengekeun ! Dia nu di beulah wetan, masing nyaraho: Kajayaan milu jeung
> dia ! Nya turunan dia nu engkena bakal marentah ka dulur jeung ka batur.
> Tapi masing nyaraho, arinyana bakal kamalinaan. Engkena bakal aya
babalesna.
> Jig geura narindak !
>
> Dia nu di beulah kulon ! Papay ku dia lacak Ki Santang ! sabab engkena,
> turunan dia jadi panggeuing ka dulur jeung ka batur. Ka batur urut
salembur,
> ka dulur anu nyorang saayunan ka sakabeh nu rancage di hatena. Engke jaga,
> mun tengah peuting, ti gunung Halimun kadenge sora tutunggulan, tah eta
> tandana; saturunan dia disambat ku nu dek kawin di Lebak Cawene. Ulah sina
> talangke, sabab talaga bakal bedah ! Jig geura narindak ! Tapi ulah
ngalieuk
> ka tukang !
>
> Dia nu marisah ka beulah kaler, darengekeun ! Dayeuh ku dia moal kasampak.
> Nu ka sampak ngan ukur tegal baladaheun. Turunan dia, lolobana bakal jadi
> somah. Mun aya nu jadi pangkat, tapi moal boga kakawasaan. Arinyana engke
> jaga, bakal ka seundeuhan batur. Loba batur ti nu anggang, tapi batur anu
> nyusahkeun. Sing waspada !
>
> Sakabeh turunan dia ku ngaing bakal dilanglang. Tapi, ngan di waktu anu
> perelu. Ngaing bakal datang deui, nulungan nu barutuh, mantuan anu
sarusah,
> tapi ngan nu hade laku-lampahna. Mun ngaing datang moal kadeuleu; mun
ngaing
> nyarita moal kadenge. Memang ngaing bakal datang. Tapi ngan ka nu rancage
> hatena, ka nu weruh di semu anu saestu, anu ngarti kana wangi anu sajati
> jeung nu surti lantip pikirna, nu hade laku lampahna. Mun ngaing datang;
teu
> ngarupa teu nyawara, tapi mere cere ku wawangi. Ti mimiti poe ieu,
> Padjadjaran leungit toi alam hirup. Leungit dayeuhna, leungit nagarana.
> Padjadjaran moal ninggalkeun tapak, jaba ti ngaran pikeun nu mapay. Sabab
> bukti anu kari, bakal rea nu marungkir ! Tapi engke jaga bakal aya nu
> nyoba-nyoba, supaya anu laleungit kapanggih deui. Nya bisa, ngan mapayna
> kudu make amparan. Tapi anu marapayna loba nu arieu-aing pang pinterna.
Mudu
> aredan heula.
>
> Engke bakal rea nu kapanggih, sabagian-sabagian. Sabab kaburu dilarang ku
nu
> disebut Raja Panyelang ! Aya nun wani ngorehan terus terus, teu ngahiding
ka
> panglarang; ngorehan bari ngalawan, ngalawan sabari seuri. Nyaeta budak
> angon; imahna di birit leuwi, pantona batu satangtungeun, kahieuman ku
> haneuleum,karimbunan ku hanjuang. Ari ngangonna ? Lain kebo lain embe,
lain
> meong lain banteng, tapi kalakay jeung tutunggul, Inyanan jongjon
ngorehan,
> ngumpulkeun anu kapanggih. Sabagian disumputkeun, sabab acan wayah
> ngalalakonkeun. Engke mun geus wayah jeung mangsana, baris loba nu kabuka
> jeung rareang menta dilalakonkeun. Tapi, mudu ngalaman loba lalakon,
anggeus
> nyorang: undur jaman datang jaman, saban jaman mawa lalakon. Lilana saban
> jaman, sarua jeung waktuna nyukma, ngusumah jeung nitis, laju nitis
dipinda
> sukma.
>
> Darengekeun ! Nu kiwari ngamusuhan urang, jaradi rajana ngan bakal nepi
> mangsa : tanah bugel sisi Cibantaeun dijieun kandang kebo dongkol. Tah di
> dinya, sanagara bakal jadi sampalan, sampalan kebo barule, nu diangon ku
> jalma jangkung nu tutunjuk di alun-alun. Ti harita, raja-raja dibelenggu.
> Kebo bule nyekel bubuntut, turunan urang narik waluku, ngan narikna henteu
> karasa, sabab murah jaman seubeuh hakan.
>
> Ti dinya, waluku ditumpakan kunyuk; laju turunan urang aya nu lilir, tapi
> lilirna cara nu kara hudang tina ngimpi. Ti nu laleungit, tambah loba nu
> manggihna. Tapi loba nu pahili, aya kabawa nu lain mudu diala ! Turunan
> urang loba nu hanteu engeuh, yen jaman ganti lalakon ! Ti dinya gehger
> sanagara. Panto nutup di buburak ku nu ngaranteur pamuka jalan; tapi jalan
> nu pasingsal !
>
> Nu tutunjuk nyumput jauh; alun-alun jadi suwung, kebo bule kararabur; laju
> sampalan nu diranjah monyet ! Turunan urang ngareunah seuri, tapi seuri
teu
> anggeus, sabab kaburu : warung beak ku monyet, sawah beak ku monyet, leuit
> beak ku monyet, kebon beak ku monyet, sawah beak ku monyet, cawene
rareuneuh
> ku monyet. Sagala-gala diranjah ku monyet.Turunan urang sieun ku nu
> niru-niru monyet. Panarat dicekel ku monyet bari diuk dina bubuntut.
> Walukuna ditarik ku turunan urang keneh. Loba nu paraeh kalaparan. ti
dinya,
> turunan urang ngarep-ngarep pelak jagong, sabari nyanyahoannan maresek
> caturangga. Hanteu arengeuh, yen jaman geus ganti deui lalakon.
>
> Laju hawar-hawar, ti tungtung sagara kaler ngaguruh ngagulugur, galudra
> megarkeun endog. Genjlong saamparan jagat ! Ari di urang ? Rame ku nu
> mangpring. Pangpring sabuluh-buluh gading. Monyet ngumpul ting rumpuyuk.
> Laju ngamuk turunan urang; ngamukna teu jeung aturan. loba nu paraeh teu
> boga dosa. Puguh musuh, dijieun batur; puguh batur disebut musuh.
> Ngadak-ngadak loba nu pangkat nu marentah cara nu edan. nu bingung tambah
> baringung; barudak satepak jaradi bapa. nu ngaramuk tambah rosa; ngamukna
> teu ngilik bulu. Nu barodas dibuburak, nu harideung disieuh-sieuh. Mani
> saheng buana urang, sabab nu ngaramuk, henteu beda tina tawon, dipalempeng
> keuna sayangna. Sanusa dijieun jagal. Tapi, kaburu aya nu nyapih; nu
> nyapihna urang sabrang.
>
> Laju ngadeg deui raja, asalna jalma biasa. Tapi memang titisan raja.
Titisan
> raja baheula jeung biangna hiji putri pulo Dewata. da puguh titisan raja;
> raja anyar hese apes ku rogahala ! Ti harita, ganti deui jaman. Ganti
jaman
> ganti lakon ! Iraha ? hanteu lila, anggeus tembong bulan ti beurang,
disusul
> kaliwatan ku bentang caang ngagenclang. Di urut nagara urang, ngadeg deui
> karajaan. Karajaan di jeroeun karajaan jeung rajana lain teueruh
> Padjadjaran.
>
> Laju aya deui raja, tapi raja, raja buta nu ngadegkeun lawang teu beunang
> dibuka, nangtungkeun panto teu beunang ditutup; nyieun pancuran di tengah
> jalan, miara heulang dina caringin. da raja buta ! Lain buta duruwiksa,
tapi
> buta henteu neuleu, buaya eujeung ajag, ucing garong eujeung monyet
> ngarowotan somah nu susah. Sakalina aya nu wani ngageuing; nu diporog mah
> lain satona, tapi jelema anu ngelingan. Mingkin hareup mingkin hareup,
loba
> buta nu baruta, naritah deui nyembah berhala. Laju bubuntut salah nu
ngatur,
> panarat pabeulit dina cacadan; da nu ngawalukuna lain jalma tukang tani.
Nya
> karuhan: tarate hepe sawareh, kembang kapas hapa buahna; buah pare loba nu
> teu asup kana aseupan.............................Da bonganan, nu ngebonna
> tukang barohong; nu tanina ngan wungkul jangji; nu palinter loba teuing,
> ngan pinterna kabalinger.
>
> Ti dinya datang budak janggotan. Datangna sajamang hideung bari nyoren
> kaneron butut, ngageuingkeun nu keur sasar, ngelingan nu keur paroho. Tapi
> henteu diwararo ! Da pinterna kabalinger, hayang meunang sorangan.
Arinyana
> teu areungeuh, langit anggeus semu beureum, haseup ngebul tina pirunan.
> Boro-boro dek ngawaro, malah budak nun janggotan, ku arinyana ditewak
> diasupkeun ka pangberokan. Laju arinyana ngawut-ngawut dapur batur,
> majarkeun neangan musuh; padahal arinyana nyiar-nyiar pimusuheun.
>
> Sing waspada ! Sabab engke arinyana, bakal nyaram Padjadjaran
didongengkeun.
> Sabab sarieuneun kanyahoan, saenyana arinyana anu jadi gara-gara sagala
jadi
> dangdarat. Buta-buta nu baruta; mingkin hareup mingkin bedegong,
ngaleuwihan
> kebo bule. Arinyana teu nyaraho, jaman manusa dikawasaan ku sato !
>
> Jayana buta-buta, hanteu pati lila; tapi, bongan kacarida teuing nyangsara
> ka somah anu pada ngarep-ngarep caringin reuntas di alun-alun. Buta bakal
> jaradi wadal, wadal pamolahna sorangan. Iraha mangsana ? Engke, mun geus
> tembong budak angon ! Ti dinya loba nu ribut, ti dapur laju salembur, ti
> lembur jadi sanagara ! Nu barodo jaradi gelo marantuan nu garelut,
> dikokolotan ku budak buncireung ! Matakna garelut ? Marebutkeun warisan.
Nu
> hawek hayang loba; nu boga hak marenta bagianana. Ngan nu areling
caricing.
> Arinyana mah ngalalajoan. Tapi kabarerang.
>
> Nu garelut laju rareureuh; laju kakara arengeuh; kabeh ge taya nu meunang
> bagian. Sabab warisan sakabeh beak, beakna ku nu nyarekel gadean.
Buta-buta
> laju nyarusup, nu garelut jadi kareueung, sarieuneun ditempuhkeun
leungitna
> nagara. Laju nareangan budak angon, nu saungna di birit leuwi nu pantona
> batu satangtung, nu dihateup ku haneuleum ditihangan ku hanjuang.
> Nareanganana budak tumbal. sejana dek marenta tumbal. Tapi, budak angon
> engeus euweuh, geus narindak babarengan jeung budak anu janggotan; geus
> mariang pindah ngababakan, parindah ka Lebak Cawene !
>
> Nu kasampak ngan kari gagak, keur ngelak dina tutunggul. darengekeun !
Jaman
> bakal ganti deui. tapi engke, lamun Gunung Gede anggeus bitu, disusul ku
> tujuh gunung. Genjlong deui sajajagat. Urang Sunda disarambat; urang Sunda
> ngahampura. Hade deui sakabehanana. sanagara sahiji deui. Nusa Jaya, jaya
> deui; sabab ngadeg ratu adil; ratu adil nu sajati.
>
> Tapi ratu saha ? Ti mana asalna eta ratu ? Engke oge dia nyaraho. ayeuna
> mah, siar ku dia eta budak angon !
>
> Jig geura narindak ! Tapi, ulah ngalieuk ka tukang !
>
>
>
>
>
> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
>
> Yahoo! Groups Links
>
>
>
>
>
>
>



------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
$9.95 domain names from Yahoo!. Register anything.
http://us.click.yahoo.com/J8kdrA/y20IAA/yQLSAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke