Wa'alaikum salam wr.,
Haturan Kang Darmawan. Ku asa nurub cupu kahoyong salira nyerat ngeunaan Kean Santang, Prabu Siliwangi sareng Pajajaran, sareng naon- naon anu kapiangen salila ieu. Pamiangan anu matak jadi keretegning ati, diantarana taya lian sabab loba pisan mitos anu heunteu konstruktif sareng teu produktif pikeun kamajuan masyarakat ngeunaan 3 jejer nembe. Upamana bae, kungsi aya sinetron ngeunaan Prabu Siliwangi-Pajajaran (upama heunteu salah sutradarana Dede Yusuf) anu miskin pisan ku ajaran moral/ajen-inajen anu aya dina salebeting carita eta. Malah anu pikahariwangeun mah tina sinetron teh sumebarna paelmuan anu heunteu tiasa nyanghareupan kamajuan jaman (dina lebah dieu si kuring kungsi nulis e-mail khusus ka Dede Yusuf, ngusulkeun review ngeunaan skenario eta sinetron atawa nyieun deui sinetron anu leuwih luyu jeung kaperluan masyarakat). Cindekna, dina satiap nyaritakeun deui sajarah, penting pisan kacekel falsafah sajarah anu busa jadi bekel pikeun ngahudangkeun deui kajayaan hiji bangsa. Ngeunaan falsafah sajarah nu dimaksud, mangga bae pariosan arsip- arsip e-mail sim kuring di ieu milist atanapi di milis [EMAIL PROTECTED] Malah ngeunaan tafsir carita Kean Santang oge kungsi diserat, utamana ngeunaan sasakala situ Panjalu kalawan tafsir dimensi sosial anu ngarupakeun dimensi sajalan (paralel) antara agama jeung budaya. Kukituna, sim kuring ngarojong pisan kana "proyek" salira nyeratkeun deui eta jejer icon Budaya Tatar Sunda anu kalintang pentingna. Anu jadi catetan, tetep kudu aya "benang merah"-na tea anu tujuanna sangkan carita atawa naon anu ditulis teh tiasa aya fungsina pikeun ngawangun kamanusaan, khususna pangwangunan di Tatar Sunda. Pikeun saheulaanan, carita ngeunaan Kean Santang, Prabu Siliwangi, sareng Pajajaran tiasa nyoko kana eusi Naskah Wangsakerta (anu parantos ditafsir sareng diserat-ulang ku Kang Saleh Danasasmita alm). Tangtu engke dina prak-prakanna tiasa ditambihan ku sumber- sumber sanesna sareng panalungtikan di lapangan. Anapon "beunang merah" diantarana yen dina sajarah 3 jejer di luhur tangtu aya ajen-inajen anu bisa dipateakeun deui (diberdayakan) pikin kualitas kahirupan urang. Ieu alur pikir anu utama anu bisa ngayak antara carita mitos jeung carita anu leuwih deukeut kana bebeneran. Jeung deui, ari sajarah dina akhirna mah kumaha anu nulisna. Ku sakitu, kalintang pentingna "sudut pandang" positif kana kahirupan ti anu nuliskeunna. Upamana bae, antara anu gaduh pamadegan yen sajarah teh progressif dibandingkeun jeung anu yakin yen sajarah teh regresif pasti baris nimbulkeun bebedaan dina hasil tulisanna. Ala kulli hal, si kuring ngarojong pisan kana pamaksadan salira. Malah bisa jadi aya gawe bareng antara Kusnet jeung majalah Tempo dina nuliskeun deui "Sajarah Dumasar Ajen-Inajen" ngeunaan tokoh anu kalintang masyhurna di Sunda: Keang Santang sareng Prabu Siliwangi oge Pajajaran. Mangga diantos Kang, upami peryogi no kontak, ngajapri bae. Baktosna, manAR --- In [EMAIL PROTECTED], jaka ekalaya <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > Assalamu alaikum, > > Sim kuring Darmawan, pakasaban di Majalah TEMPO. Aya > kahoyong ngadamel tutulisan fiksi sabudeureun Prabu > Kian Santang, Siliwangi, Padjadjaran, jrrd. > > Aya nu haat nulungan? Maksad teh, upami aya buku > atanapi sketsa atanapi titingal sanes nu tiasa janten > bahan "pustaka", tiasa kitu upami dicopy? Kalaresan, > riset teh sesah pisan. Nembe sacupek kaca. Tebih pisan > kirangna. > > Salam, > > Darmawan Sepriyossa > > > > > > > __________________________________ > Do you Yahoo!? > Check out the new Yahoo! Front Page. > www.yahoo.com ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> $9.95 domain names from Yahoo!. Register anything. http://us.click.yahoo.com/J8kdrA/y20IAA/yQLSAA/0EHolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

