Kuring oge kantos ngalaman jeung sakadang dulag teh di
masigit agung Maja Majalengka (lemburna neng Tati
Eric). Dina maleman takbiran ngadulag sakadaekna jeung
saseubeuhna,nepi ka leungeun bareuereum bakating ku
rosa teuing.
ari jaman di leuwimunding- majalengka, kuring miluang
ngadulag ka unggal lembur,make treuk bak terbuka tea.
Ti jam 8 nepi ka jam 11 peuting, ampir satiap desa
disorang ku dulag bak terbuka tea.
Waktu di maja, kungsi takbiran di tajug nepi ka
subuh. tah, tengah peuting teh biasana sok disuguhan
kadaharan sabangsaning buras, kalapa anu digoreng,
dipotong leutik-leutik. Harita mah takbiran teh rajin,
soalna aya anu "dianjing cai" hayang katimu jeung
anakna pa ustad anu imahna gigireun tajug.
mrachmatrawyani
--- mh <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> salah sahiji kaulinan urang lembur ari bulan puasa
> baheula, ari peuting tas taraweh, atawa samemeh
> syahur
> sok ngadulag. perkara dulag keur ulang lembur mah
> harita jigana lain ngan ukur bedug nu dijieun dina
> kai
> golondongan, membranna make kulit munding atawa
> sapi.
> tapi dulag geus jadi bagian kahirupan marenaehna,
> dimana aya tatali batin anu kuat antara dulag jeung
> batin urang lembur.
>
> kiwari dulag geus langka, di kota kadang-kadang ngan
> ukur rekaman sorana. meureun ka hareup mah komo,
> dulag/bedug ngan ukur tinggal gambarna.
>
> salam,
> mh
>
>
__________________________________
Do you Yahoo!?
Check out the new Yahoo! Front Page.
www.yahoo.com
------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~-->
Make a clean sweep of pop-up ads. Yahoo! Companion Toolbar.
Now with Pop-Up Blocker. Get it for free!
http://us.click.yahoo.com/L5YrjA/eSIIAA/yQLSAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~->
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/