Assalamualakum Wr. Wb,,,
Punten ahhh tadi teh teu sempet taeun heula da kedah naeunan heula
padamelan..
Wilujeng dinten Senen ka sakumna Wadya Leboys lan Legirsns, oge baraya
salembur, sareng Baraya anu di Batam
Kangge Bah Jaka, Teh Lilies, teras saha deui tadi teh nya, ka sakumna sadaya
anu barede marudik oge nu masih keneh keukeuh macul wae, sareng anu aya di
kotana sewang sewangan..

sami sami sim kuring oge neda dihapunten kana samudaya kalepatan, boh bilih
aya cariosan anu matak ngarahetkeun kana manah, da sadayana oge mung saukur
heureuy bin guyon tea, iwal ti ka Kang Haji Toni sareng kang UStadz Panzi
mah eta mah seurieus.. heuheuheu... hayang ngalelepkeun... sareng tos
tangtos sim kuring nyalira ngahapunteun ka sadayana, da tos gnartos teu aya
anu gaduh niatan bade naeun kana taeun sim kuring..

Oge, ka sakumna Baraya anu di Batam,
sim kuring Nyuhungkeun dihapunten pisan rehna geuningan salamet oge dugi ka
Batam, janten wae tuang buka puasa di Hotel, teras ngiring ngaraosan ngopi
di Cafe... sanajan awak cararafe oge keun wae ahh da geuningan ngarumpul
sadayana, tuang kari am, ngopi kari rot.... hehehee..

HAtur nuhun pisan ka sadayna baraya Batam anu tos nyambat sim kuring kalayan
pinuh ku kanyaah, benten da ari nyambut anu kasep mah.. hehehee... tapi ka
kang Nzi, kahade tong poho hutang CD kosong nya? hehehehehee... tadinamah
hariwang bakalan teu aya deui Speed, mangkaning balad anu ti Lobam tos
piwarang tipayun, Kang Deviana Syam ( anjeuna teh urang asli Riau, mung tas
10 taun di Bandung, sareng sok nineung wae ka kota Bandung cenah.. ), tapi
Alhamdulillah aya oge Speed, sanaos sarba katinggaleun oge.. teu nyandak
gentos teu nyandak nanaon... aneh ari rokomah mani geus dina saku wae..
heheheee... sareng untung deuih dompet oge dina saku, sanaos kosong ngan
nyesa nocheng.. untung ku jikun ATM na disimpen dina dompet kuirng, jadi wae
salamet uih deui ka Lobam teu kedah ngojay... ;p

Kang Dian sarimbit, kang Nzi, kang Iyan, Kang Hilman, Kang Roni, Kang Yuki,
Kang Munir, Kang Agus ( Juragan Teac ), Neng Mvi, Neng Mpuj anu demplon, Teh
Rina, NEng Iis Hehee, mamahna Kenzi, 
Neng Mvi, sim kuring ngahaturkeun rebu nuhun ku pangbagenana ka sim kuring
oge kang Dev, urang Lobam... urang Kampung, tapi lumayan euy sigana si KAng
Dev mah mindeng ulinan ka kota jadi teu cungah cingeuh teuing kawas uing
hehehehee..

Kangge Neng Mvi anu nuju ngusahakeun janten demplon oge sareng Neng Mpuj anu
masih demplon ( asyik kan? ), oge kang Agus.. Pun jikun sareng Amey oge
ngahaturkeun nuhun kana kintunannana... punten cenah teu tiasa ngiringan da
palaur riweuh Amey teu tiasa bobo upami ditempat sanes.. ke sataunna Amey,
Insya Allah bade diajak ameng ka Batam upami Ayahna Amey kenging Rijki anu
langkung, oge kangge kang Agus, hatur nuhun pisan kana oleh oleh na... enak
cenah... saur AMey.. Bonekanya lucu... kayak Tante Mvi.. jadinya Amey gigit
gigit geli Bonekanya kaya Ayah lagi ngehayal gigitin tante Mvi... oge pun
jikuntungtungna nagih kedah mangmeserkeun acuk warna bulao, da kengingna
kamari warna bulao.. katempuhan wae teuh Mpuj, kudu mangmeulikeun deui baju
anyar jang Bundana Amey... deuh...

deuh naon deuinya?? ahh pokona mah bingah, bagja, Reueus kacida lah, tiasa
ngempeul di Batam.. aeh muhun 
KAng Dev, hampura euy balik tiheula, da jangji ka Jikun samemeh Ashar geus
balik... kudunamah isuk isuk balikna cenah... ngan eta panasaran ku Neng
Mvi.. sugan teh rek taeun.. ari pek teh geuningan kangge Amey ari jang
bapaknamah euweuh euy.... hehehe... hampura nya kang Nya.....!

Baktosna,
Cecep Wahyu + Jikun+ Amey.... PutKar teu ngiringan da duka dimana dan
kumaha...

* nyaanan kawaregan euy nepikeun ka teu bisa hudang oge males Shaur...


------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
$9.95 domain names from Yahoo!. Register anything.
http://us.click.yahoo.com/J8kdrA/y20IAA/yQLSAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke