"roesdi jeung misnem" ceuk kang ajip mah kawilang buku
pangajaran panghadena. ngan kulantaran settingna teu
ngagambarkeun jaman kiwari, kurang cocok cenah upama
dicitak ulang mah. sabab lingkungan ayeuna mah geus
kacida robahna. maksud kuring ngadigitalkeun teh,
kahiji keur dokumentasi, salian ti eta sugan bisa jadi
bahan panalungtikan kanu minat. kitu deui bisa dipake
diajar basa sunda keur nonoman sunda kiwari, ngarah
leuwih euyeub bacaan nu make basa sunda. 

mangga geura titenan pendapat kang ajip dihandap ieu.

salam,
mh

===================
Rusdi jeung Misnem
Ajip Rosidi

I

Mun aya nu nanya ka kuring, �Buku naon nu
pangpikaresepeunana jeung pangalusna pikeun bacaan
barudak di Sakola Ra�yat (Dasar)?�, moal hamham deui
kuring tangtu ngajawab, �Buku Rusdi jeung Misnem.�

Tangtu �ta jawaban t�h ngandung kasangtukang kalawan
sabab-musabab. Sabab nu pangutamana atuh p�dah kuring
urang Sunda; jadi dina nimbang-nimbang jeung
nangtukeun jawaban t�h mak� babandingan jeung ukuran
Sunda; jeung deui nya ku lantaran kuring urang Sunda,
sakola di Sakola Ra�yat Sunda (sanajan di tapelwates
b�h w�tan) sarta maca buku bacaan keur barudak Sunda.
Tah Rusdi jeung Misnem t�h ngagambarkeun kahirupan
sapopo� barudak Sunda deuih.

Tapi na da salian ti Rusdi jeung Misnem t�h aya
Gandasari, Sumber Arum, Panggelar Budi jeung
lian-lianna apan? Sarta kab�hanana ngagambarkeun urang
Sunda; Jang �man t�h urang Sunda lain? Kitu deui Jang
Sumitra; Si Empi jeung pada baturna.

Nya jawaban kana �ta pananya pisan anu jadi lantaran
nu kadua, naon sababna nu matak kuring nyebutkeun y�n
buku Rusdi jeung Misnem t�h buku bacaan barudak
pangalusna.

Sanajan Gandasari jeung Sumber Arum nyaritakeun
barudak Sunda g�, Jang �man jeung Jang Sumitra mah
b�da jeung Si Rusdi. Duanana putra lurah hormat,
duanana bageur; duanana �bener� jeung nurut kana
piwuruk sepuh. Cindekna duanana og� had� jeung alus,
budak anu dipiangen-angen ku unggal sepuh. Ari Si
Rusdi? Apan Si Rusdi mah budak bangor, ari ka sakola
g� ngantongan wajit jeung kadaharan lianna. Dina ieu
hal pangarang Rusdi jeung Misnem leuwih wanoh sarta
leuwih bisa ngagambarkeun watek jeung kahirupan budak
umumna, budak anu r�a hojahnya sarta anu ku lantaran
teu katuturkeun ku kolotna nya disebut �bangor�. Si
Rusdi t�h pinter ari pinterna mah, ngan sakarepna
teuing. Hirup Si Rusdi mah pikasebeleun sing sakur anu
biasa hirup dina lingkungan f�odal harita, mutuh
pikang�waeun, tapi matak nineung ku lucuna. Hirup Si
Rusdi istuning hirup �budak lembur anu dusun�, tapi
bolostrong, budak anu hirupna masih deukeut k�n�h ka
alam.

Ari watek Jang �man jeung Jang Sumitra mah rata, taya
kaan�hanana pisan, sagalana geus diatur ku sepuhna,
atuh anu dicaritakeunana g� istuning rata. An�hna t�h
ngan lamun ngadong�ng, nepi ka Gandasari mah unggal
bab t�h dong�ng wa�.
Nu ngarang Sumber Arum jeung Gandasari mah, katara
pisan hayang �ngatik� barudak, supaya bageur, nurut
kana piwuruk sepuh, getol diajar, bener, supaya
hirupna lulus-banglus, jauh balai parek rejeki,
sagalana kudu lumangsung saluyu jeung kahayang anu
nyekel lalakon. Pantes pisan lamun anu nyusun
Gandasari jeung Sumber Arum meunang b�ntang ti�
gubernem�n!

Ari nu ngarang Si Rusdi mah kawas nu rada mopohokeun
kana �ta hal; maksudna t�h lain r�k �ngatik�, tapi
ngagambarkeun kahirupan sapopo� budak Sunda,
adi-lanceuk ngaranna Si Rusdi jeung Si Misnem (aya
deui lanceukna Ramlan, tapi tara aya di lembur). Atuh
Rusdi jeung Misnem mah leuwih deukeut kana harti
sastra manan Gandasari atawa Sumber Arum. Sundana mah
Rusdi jeung Misnem liter�r, ari Gandasari jeung Sekar
Arum didaktis.

Ayeuna mah barudak t�h di Sakola Ra�yat geus henteu
maca deui Rusdi jeung Misnem. Boa angkatan kuring
barudak pangahirna maca Rusdi jeung Misnem di Sakola
Ra�yat t�h. Ari Sumber Arum jeung Gandasari mah
dicitak deui sabada perang g�.

Kuring kiwari inget-inget poho kana carita Rusdi jeung
adina Misnem t�h, saking heubeul-heubeulna henteu
maca. Inget sot�h �ta kana kabiasaan Si Rusdi ari ka
sakola, jeung kana pupuh kinanti dina panungtung jilid
katilu, basa Rusdi kudu terus tetep-tumetep di kota
nuluykeun sakola ka kelas opat (vervolgschool), ari
Misnem katut kolot-kolotna mulang deui ka lemburna:

Rusdi ku Ramlan ditungtun,
dikal�ng diajak balik,
diupahan ku tiluan,
ku Ramlan paman jeung bibi,
dipapal�r dibubungah,
ulah nyant�l ka nu balik.

Inget sot�h p�dah ba� baheula sering
ngahariringkeunana, laguna kinanti buhun. Ana ngong
t�h Pa Guru m�r� conto ka barudak kumaha
nembangkeunana, kuring mani ngerik, ati asa digerihan,
ku karunya Si Rusdi nyorangan di kota, papisah jeung
adina Si Misnem� lieuk leuweung lieuk lamping t�a
meureun. Mun kaduga mah harita hayang hing ba� ceurik.


Aya deui dong�ng anu nepi ka ayeuna teu bisa poho,
sanajan ari susunan caritana mah geus teu inget, tapi
aya fragm�n tina �ta dong�ng anu tetep nyant�l teu
laas ku geus lawas. Mun teu salah mah �ta dong�ng t�h
nyaritakeun dua budak pahatu-lalis di leuweung.
Lanceukna lalaki ngala buah loa, adina aw�w� di handap
diteureuy oray, mimitina sukuna heula, nyalukan
lanceukna:


�Kang, kang tulungan
aya nu gagarayaman
kana suku jeung ng�g�lan.
Cing geuwat kuring tulungan.�

Lanceukna keur kapalang ngala loa, ngajawab tina luhur
tangkal:

�Usap ba� nyai, meureun sireum.�

Macana dikawihkeun, laguna basajan pisan, tapi harita
mah mutuh mawa suasana ngenes-ngangres.

Barang �ta budak aw�w� t�a geus kateureuy kab�h ku
sakadang oray, kakara lanceukna nyahoeun. Had�na aya
manuk disada kawas nu mapatahan:

�Cukrih! Cukrih! Cukrih!
Turih ku pucuk eurih!�

Sakadang oray diturih beuteungna ku pucuk eurih, si
budak aw�w� geus taya nyawaan. Tapi da tuluy hirup
deui, digeberan ku hihid kabuyutan bari dikawihan:

�Geber-geber hihid aing
hihid aing kabuyutan,
titinggal nini awaking��
jeung saterusna.
 

�ta t�h kab�h g� diturun saingetna ba�, boa aya nu
salah. Tapi kakeueung jeung kangenes anu baheula
kungsi karasa basa mimiti maca �ta dong�ng sok karasa
deui ari ayeuna inget t�h.


II

Kiwari beunang disebutkeun Sakola Ra�yat (jeung
sakola-sakola lianna) teu bogaeun buku bacaan basa
Sunda. Anu aya ngan nyukupan pikeun ubar puruluk
wungkul. Naha kira-kirana moal had� lamun buku Rusdi
jeung Misnem, anu sidik had� sarta alus, dicitak deui
bacaeun barudak kiwari?

Sanajan kuring mikaresep pisan kana �ta buku, tapi mun
kuring kudu ngajawab �ta pananya sarta mun pangna
dicitak deui t�h diancokeun pikeun bacaan barudak
Sakola Ra�yat, kuring bakal ngajawab, �Henteu.�

Tangtu �ta jawaban t�h ngandung kasangtukang kalawan
sabab-musabab deuih. Sabab anu pangutamana, ku
lantaran kahirupan barudak Sunda kiwari geus b�da
pisan jeung kahirupan barudak Sunda dina jaman Si
Rusdi jeung Si Misnem. Hirupkumbuh urang Sunda dina
jero limabelas taun pangahirna t�h ngalaman parobahan
anu kacida ged�na. Nepi ka lamun barudak kiwari maca
kahirupan Si Rusdi t�h, moal ngalartieun. Tangtu
har�raneun aya kahirupan cara kitu---taya b�dana jeung
alam dong�ng. Pangaruh ti luar geus ngaraksuk asup ka
pakumbuhan urang Sunda di tutugan gunung jeung
lamping. Pakumbuhan urang Sunda anu tadina
ayem-tengtrem, sepi-tingtrim t�h, kiwari kaweur, komo
ku ayana kakacowan di pad�san anu jauh ti kota mah.
Mun baheula kahirupan urang Sunda t�h pakumbuhan
kahirupan kampung atawa pad�san anu masih k�n�h
�weuteuh�, ayeuna mah geus direumbeuy ku kahirupan
kota, tapi ari enya-enya mangrupa kahirupan cara di
kota-kota (�ropah) mah tacan deuih. Antara kota jeung
d�sa di urang kiwari mah taya wates-wates anu t�t�la.
�ta Dua rupa kahirupan t�h awor pabaur, kitu deui ku
barobahna susunan masarakat pad�san di urang, ku
ngaraksukna tatacara jeung ukuran-ukuran kahirupan
anyar ka jero pad�san (jalma-jalmana arindit ka kota
lantaran hirupkumbuh di lemburna sorangan kaganggu ku
ayana kakacowan gorombolan), ana marulang deui ka
tempatna asal, �ta jalma-jalma t�h geus barobah, boh
tatacarana boh kapercayaanana, kitu deui ukuran-ukuran
jeung cita-cita hirupna.

�ta pros�s t�h gancang pisan ngarobah pakumbuhan
masarakat pad�san urang. Anu baheula mah teu kenal
kana lagu-lagu lian kajaba ti lagu-lagu Sunda,
Cianjuran, Degung jeung sapadana ayeuna mah milu
ngahariringkeun lagu-lagu India jeung Malaya. Anu
baheula mah cukup ditarumpah kar�t (urut ban mobil),
ayeuna mah kudu mak� sapatu nu disemir bari dikaoskaki
nylon nanaon. Anu baheula mah cukup ku lalajo
ketuk-tilu atawa pantun, ayeuna mah kudu lalajo
bioskop (�gambar iduk� cenah). Anu baheula mah cukup
disarung jeung dikampr�t, ayeuna mah kudu sing sarwa
wolita, didasi sagala. Anu baheula kamamana cukup ku
leumpang ayeuna kudu mak� kar�ta mesin, motor, bis
atawa kar�ta api malah kapal udara. Anu baheula mah
cukup ku nyaho b�ja-b�ja ngeunaan urang lemburna
sorangan, ayeuna mak� hayang maca suratkabar ngarah
terang b�ja-b�ja ti sakuliah dunya. Anu baheula mah
cukup ku udud kolobot, ayeuna kudu ngaroko �putih��

Basa Si Rusdi ditinggalkeun ku kolot katut adina di
dayeuh, man�hna ceurik, tangtu inget kana sagala
pangalaman jeung karesepna basa masih k�n�h mangkuk di
lembur. Keur Si Rusdi mah harita, antara dayeuh (kota)
jeung d�sa t�h lain ba� jauh tempatna, tapi og� aya
perb�daan kahirupan. Kahirupan dayeuh jeung kahirupan
pad�san. Papisahna Si Rusdi jeung Si Misnem t�h nya
papisahna jeung kahirupan pad�san, diganti ku
kahirupan dayeuh anu harita mah masih k�n�h sing sarwa
ah�ng pikeun Si Rusdi.

Kasedih, katineung nu harita kaalaman ku Si Rusdi
p�dah kudu ngumbara nuluykeun sakola di dayeuh, moal
kaalaman moal karasa ku barudak pad�san jaman kiwari.
Barudak kiwari mah ti masih k�n�h bau jaringao geus
ngimpi ngumbara ka kota. Apan hirupna sapopo� di
pad�san og� geus niron-niron kahirupan di kota. Jadi
mun sakali mangsa dib�r� kasempetan indit ka atawa
ngumbara di kota t�h, atuh taya b�dana jeung umat
Islam sina indit ka Mekah.

Tah faktor-faktor �ta t�h milu nangtukeun kana
had�-henteuna bacaan barudak, komo bacaan munggaran di
Sakola Ra�yat, anu tinangtu nyant�l dina hat� tepi ka
maran�hanana galed�.

Tapi sabalikna, na kira-kirana had� deuih lamun ayeuna
aya jalma anu nulis buku bacaeun barudak anu �br�h
ngagambarkeun kakacowan jeung kakaweuran
hirupkumbuhna?

Bisa jadi had�, bisa jadi henteu. Had� ku lantaran hal
�ta bakal bisa m�r� gambaran ka barudak nu macana
ngeunaan kaayaan kahirupanana sapopo� dina jamanna.
Gor�ngna ku lantaran mun �ta buku disusun ku jalma anu
teu bisa n�njo kakacowan jeung kaayaan anu
pikangeneseun t�a kalawan ngristal, bakal m�r�
gambaran salah ka barudak, nya temahna melak binih
mumusuhan atawa ngunek-ngunek silih arah.

Tapi mun aya jalma nu usaha ka palebah dinya, di dieu
kuring hayang n�mbongkeun pamapag pangbag�a ka
man�hna: �Ramp�s!�

Jakarta, 1957

(Dicutat tina buku Dur Pandjak! wedalan C.V. Pusaka
Sunda, Bandung, 1966, kaca 42-48)
 


                
__________________________________ 
Do you Yahoo!? 
Check out the new Yahoo! Front Page. 
www.yahoo.com 
 



------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Make a clean sweep of pop-up ads. Yahoo! Companion Toolbar.
Now with Pop-Up Blocker. Get it for free!
http://us.click.yahoo.com/L5YrjA/eSIIAA/yQLSAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke